Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/20

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Kagegelan ti Djoeragan Empoe H. O. Tomo

Adat adat oerang Tjidjoelang.


Paadatan sapopoéna, djamak saadat saperti di sanes tempat baè, moeng dina papakéan awéwéna noe aja dipelmboeran masih katarik kénèh koe kaloemrahan adat beheula, bariasa kènèh dibadjoe koeroeng hideung beunang neuleum dina pidjanaan, samping nja kitoe kénéh, karembang tinoenna kanteh badag disaloerkeun, aya ogé noe diramboean. Oepami dina poé pasar, poé maréma pakoempoelan ti kampoeng- kampoeng katingalna nakleuk hideung. Aaisanana boh boboko atawa said, loemrah saperti noe ngagandong, ngais dina bobokong.

Dina waktos harita terang teu aja anoe daék tjetjeremed ngoetil tèh, tëtëbiheun kana rarampog babadog atawa bèbègal mah, margi masih kapoeoek ka sipoeh koe adat karoehoenna, pageuh goegon toehon kana bidah kapertjajaan rèmpan teu we­leh inggis-risi, koe goena wisaja, bok bisi dikaniaja disèbakeun ka Siloeman sileman.

Eta kapertjaan pageuh dibaroeng deui koe kapertjajaan agama, boektina oepama, hidji anak diwaris sarakit moending koe bapana, dimana eta moending geus rëkah djadi 2—3 rakit, dina waktos hadjat medlak bapana, këdah baè milih 1 moending noe moeloes bangloes, teu aja tjatjadna sanadjan saeutik. Eta moending dikoerbankeun, dagingna teras ka koelit­-koelitna dibagikeun, ka para oelama, sarat kaoem, prijaji djeung sabatoerna. Ari noe boga kawas ditjadoekeun atawa diharamkeun kana nëda éta moending noe dikoer­bankeun téa, éta disebatna koe oerang dinja tjenah, „Moelangkeun bibit”.

Di dinja aja kaanéhan nja éta adat anoe teu kapendak di sèdjèn tempat Saban-sa­ban kampoeng djaba ti paéntah désa, aja deui kapala loeloegoena boedjang-boedjang djeung landjang-landjang, ilahar disebat­na Loerah Boedjang, Loerah Landjang,

beunang milih boedjang, doeda, parawan atawa randa anoe disangka sakira loba kabisa, gedè têmah wiwahana, bisa noeng­toen ka sasamana. Gawèna éta Loerah boe­djang tea kadjaba ti nalingakeun kalakoe­an wilajat-wilajatna kana bagoejoeban ka­roekoenan deui, toeloeng-tinoeloeng, sabi­loeloengan djeung pada batoer, saméméh maranehna laki rabi, kitoe deui oepama ­salah saoerang diantarana rèk kadatangan doeriat saméméh datang ka kolotna koe­doe datang heula ka Loerahna téa, tidinja kakara ka kolotna dibarengan koe Loerah loerahna, Oepama tjèk Loerahna geus aja noe njeureuhan, leuwih ti heula ti manéh­na, éta tara wanieun maksa.

Sarta oepama aja boedjang atawa an­djang, anoe moeroegoel adat mahiwal ti batoer, teu noeroet kana parèntah, toer teu beunang diélingan koe pada batoerna, hoekoemanana, tara ditarik tara ditakon, koe pada babatoeranana djadi hiroep kapaksa njorangan, sarta dina pinanggih bantjang pakewoeh tara aja anoe noe­loengan.

Raramèanana

1. Moeloedan.

Ti barang tanggalna kènèh boelan Moe­loed, Loerah boedjang geus ngoelintjer baé, mèntaan doeit sasoekana, noeroetkeun kumaha perjogana, ti pada ba­toerna, noe pada lagas tea, éta doeit di­mana geus réngsé kapoepoel kabèh, koe si Loerah boedjang téh dipasrahkeun ka Loerah landjang. Dimana geus deukeut kana waktoena, dikira pisaminggoeeun deui, kana prakna Moeloedan, éta doeit toeloej dibalandjakeun, kana naon kaperloeanana, djaba tidahareun, ,,keretas kembang, oedoedeun, djeung seupaheun”, Waktoe landjang-landjang téa digarawé, naon-na­on kaper1oean sasadjen keur Moeloedan; sawatara boedjang pada ngaladènan naon kaperloean, lalaki, kajaning ngala soeloeh, tjai, roeat-roeat sarëng sadjabina,

Dina waktoe poëan bregna Moeloedan nja éta dina tanggal sawelasná boelan éta. Loerah landjang sabatoerna, geus pagetol­-getol, pada hajang nembongkeun pangabi­-

164