saroepa tara kaambah koe djelema, geura paké baé ieu kidoeng „rempak baja” paragi ngaroeat imah atawa lemboer, ieu kalimahna:
Ini kawih rempak baja koehatsi déwa Radja Kasih, pindah saré mangka oelah kadjongdjonan, oelah loepoet kadangdaloean, saking oesik saking mobah satingkah saparipolah, anaking eusi boeana, déngékeun éta soara, teu di loehoer teu di handap, soara taja lebahna, da éta sora déwata, titiahan Sangiang Lara noe ngalarang di boeana larangan para dewata, boehatsi soeka asih koehatsi léla asih, koehatsi antara kasih, koehatsi titahan Sangjang Larang, larangan aja dimana, mana hantoe henten njatoe, mana sétan teu ngahakan, mana djoerig henteu beuki, sakitoe aja basana, da wedi léla antara kasih, nja eta poerwaning djaga, dewata dewa toernpak, ti soara dewa toempak, dioetjapna nangtoeng toempak, dirasana rasa henteu roepa dina raga, henten ngarasa di dinja, Sangiang Larang noe ngalarang di boeana, noe aja di poerwaning djagat, ati poetih mana rasa, panjoempoetan noe haraneut, atji poetih noe ngalèmbok herang, nja éta paramoedita, koeriping boemi langit, sang singgah herang hoeriping boemi, sangsih loepoeting herang, hoeriping langit sangsih karadjati, hoeriping peuting sang hérang lènggang, hoeriping srangèngè sang sih sadahintoe sahoeriping woelan sang sih waroega larang, hoeriping angin sang sih baloega hèrang, sang hoeriping katoembiri sang baroe, hoeriping awang doegari, hoeriping goegoer doegari, hoeriping ketoeg sang sih roekamaja, hoeriping hoedjan sang si labodjang, hoeriping gelap sang maja, hoeriping kilat éta kanjahokeun, hoeriping noe di handap sang si Badoegoel Woeloeng, hoeriping goenoeng sang si Badoegoel Djentoel, hoeriping batoe sang si Giri, hoeriping wesi sang si Awaka, hoeriping hoenjoer sang si Wirija, hoeriping lebak, ari ngeusian leuweung sang si Mirah Djaja, hoeriping matjan sang si Wiradjajakala, hoeriping badak |
sang sih Wiradjaja, hoeriping banteng sang si Badjoelang, hoeriping oentjal Bajabong, hoeriping mentjek sang sih Rego, hoeriping tjeleng sang Sengeng, hoeriping peutjang sang Tjeuk, hoeriping ganggarangan sang Tjela, hoeriping oraj sang Batawa, hoeriping landak sang Loh, hoeriping langgir sang Moeloeh hèrang, hoeriping djalan sang Lembak herang, hoeriping laoet sang lemah djati, hoeriping tjadas sang loeloer maja, hoeriping déwa sang lahir, hoeriping sagala ratoening djoerig sangsih kanda, hoeriping hoeaja sang djenar, hoeriping koeja sangsih maroega, hoeriping keujeup batara troes boeana, hoeriping moeara batara rego boeana, hoeriping poeseran ageung baloega basaj ana ka handap baloega basajana, ka loehoer larang angkat, noe djadi angin sang boenering, hoeriping déwa boejoet sang toekara ratoening sakeh siloewoeng sang kanda heta ratoening sakahewan sakabeh ratoe boeta, sang singgah hoeriping awewena, sang boedani hoeriping koetana, sang kalawisésa hoeniping Mantrina ngaran awéwéna sang roetkalarang, sang sih nakar ati ngaran dajeuhna, sang sih kamdjah ngaran panglampahanana, sang sih reka-reka ngaran djalmana, anoe loba sang toesar ati, ngaranna doekoehna poepoeh timpoeh panteg penlénté sadjagat pramoedita rasa aing loesadjagat kabeh, nja aing poerwaning djagat, nja ngaran sangiang larang, noe ngalarang di boeana anoe njetjek di boeana iki nja bajoe poerwaning sidamana baja henteu aja ini bajoe poerwa sakti, mana hiri henteu djadi ini kajoe perwana déwa henten ngarah, ini tawih poewa sakti mana mantri henteu dengki sahadjahnana hanteu ngarah saleumpang-leumpang aing hoeroeng satangtoeng-tangtoeng aing salakoe-lakoe aing loba noe roesoeh saleumpang leumpang aing loba noe haat ka diri aing loba noe asin; moen aing aja di ratoe, Ratoe noe asih ka aing; moen aing aja di menak, menak noe héman ka aing; moen aing leumpang djeung dèwa, dewa noe ngaraksa aing; moen aing leumpang djeung ménak, ménak noe ngaraksa aing, nja aing ratoe sagala pamaké rat djagat paramoedita. |
Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/19
Jump to navigation
Jump to search
This page has not been proofread.
163
