djang di Kawadanan ti dinja pindah-pindah, nepi ka kiwari teu aja bédja-bédjana atjan.
Sawangsitna loetoeng teu tijalahan deui jén baris aja gara-gara pohara, ana ger téh goentoer laoet noe pohara pisan, lambak djedjelegoeran sagedé-gedé naon, pasir aling-aling sisi Laoet noe sakitoe loehoerna geus teu témbong poentjak-poentjakna atjan, pirang-pirang lernboer kakeueum, Tjikopo noe sakitoe loehoerna djeung djaoehna kira doea pal ti Laoet ngembeng kakeueum, lambak téh dar-der meupeus di sisi pasir tonggoheun lemboer. Tapi aneh, ari lemboer Tjidahon mah noe sakitoe handapina koe Iaoet teu kakeueum, tjék bédja mah lantaran di dinja aja pakoeboeran Wali. Harita oerang Tjidahon bisa noeloengan hidji Kiai oerang Tjikopo noe keur djadi sarah antjleung- antjleungan di tengah sagara; disodoran tambang nepi ka salmetna tina bahja maot, teu toenéangan babatang rek dikoeboer. Lemboer Tjikopo noe sakitoe gegekna téh rangkad kabawa dibebaskeun koe tjai. Saanggeusna saat balik sabiasa asalna deui bangké patoelajah di oenggal tempat geus teu poegoeh bilanganana Noe salamet leupas tina bahaja ngabring njaksrak néangan babetang rek dikoeboer. Di sisi hidji rantja sisi laoet aja tangkal gebang loehoer, di loehoerna aja boedjal ngait kane palapahna, doeka boedjal oerang mana, nepi ka kwari éta rantja katelah rantja boedjal, hilireun éta kira-kira sepal, béh deui manggah pendjit djelerna, nja kitoe njangsang dina gebang saperti noe tadi, nja nelah anjeunana Tjitjadoek. Katjatoer waloengan Tjipeleboeh noe noendjang ka koelon, djadi méngkol noendjang ngidoel, dina lebah paméngkolan aja batoe ngagoendoek nja noe diseboet batoe Pameungpeuk téa, hartina meunpeuk Tjipeleboeh soepaja oelah ngamoeara ka |
Tjilaoet-eureun. Tah ti harita ajana batoe Pameungpeuk téh.
Tjeuk patjatoeran karoehoen saha-saha noe geus mindeng nginoem Tjipeleboeh sok keleboeh, hartina toeloej boemetah di dinja. Kaboektian ajeuna noe njitjingan Pameungpeuk téh. réréana djalma ngoembara. A. Ganda Prawira.
I Ieu kidoeng paragi ngambah alas (leuweung) noe saranget atawa lebak, goenoeng noe tara kasaba djalma, boh ka mana baé, kalimahna kieu. Peling serat Raden Rangga Teling, toemenggoeng Rangga Woeling, Raden Sastra kandoeroean, praboe Walima wajang, ki Dipati ing ngalaga, kanagan wajang ka antéro bangsa poetra, panoetan Goenoeng Agoeng, noe njalikan lemah poetih, Ratoe Soenda tanpa Raden Alip. Moelane angintoen serat tanggal ping opat Moeloed, anasi iahé ingkang poetra ing Toendjoeng bang ing Lakbok, ing Santjang, ing Goenoeng Agoeng ing Goenoeng Tjiremaj, ing Goenoeng Goendoel, ing Goenoeng Tangkoeban Parahoe, ing Goenoeng Seladatar, ing Goenoeng Tjangkriman ing Goenoeng Siem, ing Goenoeng Astana, babakan Pangéran Djadjatsangsara Ratoe Soenda koesoema di Noesa Djawa. II Poenika kidoeng rempak baja. Paranti njampé noe gèring atawa tjai tjaah, hoedjan gedé, Seuneu gedé, atawa njoesoejk njieun imah, ngarempoe hoenjoer, njieun babakan, njaba ka leuweung anoe sanget, ka goenoeng-goenoeng, ka lebak-lebak ka pasir-pasir, naon baé noe |
Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/18
Jump to navigation
Jump to search
This page has not been proofread.
162
