Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/1

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
No. 10-11
Tahoen ka 2
1924 April-Mei

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.



Eusina P. S. No. 10-11.


1. Pihatoer Redaksi Katja 145
2. Mataram " 146
3. Ngadjadjah Tanah Pasoendan. Pamidjahan " 153
4. Saha atawa naon ari Semar? " 157
5. Sadjarah Pameungpeuk " 158
6. Kidoeng " 162
7. Adat-adat oerang Djidjoelang " 164
8. Wawatjan Siliwangi " 167

Pihatoer Redaksi.

Koe margi dina sasih Siam doegi ka lebarannana, redaksi baris dipoeoek koe roepi-roepi tjabak, anoe matak wagelan kana kaloearna P. S. No. 11 ajeuna dirampid bae doea djilid dihidjikeun, nomer 10 ngabaroeng 11; Oetama timpah kaloear tiheula, tinimbang langla liwat mangsana.

Patepang deui sareng Poesaka Soenda No. 12 dina sasih Juni; moegi oelah deudeupeun sasih Mei asa lowong teu pasondong.

Sakalian dikohkolan ti ajeuna, reh taoen kadoea parantos tomper, tereh ngalangkah taoen katiloe, mangsana moepoel piwaraga deun pangbajoean taoen pajoen. Kadjabi ti eta koe margi aja keneh gogorontong gempelaneun, moegi teu djadi galih disoehoenkeun soepados enggal ampih ti kiwari.

145