Page:Poesaka Soenda 1923-11-2(05).pdf/11

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
doel bet djelema teh euweuh. Taksiran kaoela geus toeloej ka statsion. Barang disoesoel ka dinja bet euweuh deui. Toeroeg-toeroeg kareta api geus tereh indit. Atoeh kaoela teh ngan heong bae njaba make papakean saraket diawak, sakitoe koedoe mondok doea peuting. Ari rek teu toeloes dina kareta api eta, rek neangan heula boedak, meureun beak waktoe. Tjoba lamoen teu sasamajan mah moal kitoe.

Soemawonna omongan oelah barang beuli papatoengan koe djelema ajeuna geus diparojok bae, pokna “kolot mah teu bisa noelis, teu bisa ngitoeng”. Enja bener, tapi geura tampolana mah sok aja bae kadjadianana.

Koe sabab ningal sakitoe mangpaatna, eta paomongan kolot anoe karitoe tea, koe kaoela rek dikoempoelkeun dina P. soepaja diarapalkeun koe noe aranom. Poegoeh ari elmoe-elmoe anoe laloehoer mah geus aja pirang-pirang dina boekoe-boekoe basa walanda, tapi loeang-loeang anoe sok kapanggih sapopoe mah di oerang, nja eta pikeun obor keur njaangan djalan tintjakeun, meureun teu aja.

Djaba ti kitoe nja eta soepaja basa-basa noe karitoe tea oelah nepi ka leungit, da poesaka ti karoehoen oerang, poesaka anoe toeroen-toemoeroen.

Samemeh koering noeloejkeun poesaka ti karoehoen anoe djadi paribasa, babsan djeung katjapangan sakoemaha anoe geus ditjaritakeun ti heula, ajeuna rek ajimpang heula kana djalan simpangan anoe diseboet kapamalian, sabab eta oge toenggoel keneh poesaka, maksoedna noe ninggalan, soepaja dilalampahkeun koe anak intjoena pikeun njiar djalan kasalametan. Wondening anak intjoe teu naroeroet lantaran geus baroga deui elmoe anoe lewih hade, nja teu naon-naon, dapon salamet bae. Tapi moenggoeh koe noe berakal, sanadjan teu rek dipake oge-moen teu rek dipake tea mah-koedoe bae dikanjahokeun tanda asih ka noe ninggalan.

Ketjap pamali geus diterangkeun dina boekoe “bab adat-adat”, karangan djoeragan Hoofdpanghoeloe Bandoeng katja 167, jen pamali teh asalna pamalik, hartina paranti malik, tegesna sagala noe dikoe-

doekeun dipantang, sebab pamali, djaga moal dipantang koe noe geus malik atina, asal sieunan djadi loedeungan.

Kahartina koe koering noeroetkeun eta omongan, saha-saha noe geus malik atina tina kadoenjaan, woengkoel njangareup, madep ka Noe Kawasa bae, geus teu aja kapamalina.

Tapi ari pamendak koering mah djoedjoetanana ketjap pamali teh noeroetkeun woordenboek djeung kagaliban makena, kieu.

Ketjap pamali teh dipake koe Soenda, dipake koe malajoe, karepna saroea, ngan beda saeutik bae, ari hartina nja eta:

Sagala kalakoean anoe sok aja matakna teu ngeunah di ahir, Saperti:

Noe reuneuh oelah sare ti beurang, matak kikilieun anak.

Noe reuneuh oelah sok dioek dina batoe, matak leuleumeungeun anak.

Oelah neunggeul koe sapoe, matak loempoeh.

Oelah sok njeboet ngaran kolot matak hapa hoei dj.s.t.

Dina hikajat Hang Toeah, katja 98, aja omongan kieu:

Maka toen Kastoeri poen tahoelah akan Laksamana berchalwat itoe, sebab memboenoeh si Djebat, pamali, orang tjelaka itoe.

Demi asal ketjapna pamali teh tina pali (lain malik), make rarangken pa, saperti : peupeuh djadi pameupeuh.

Ketjap pali asalna basa Kawi, dipake keneh dina basa Djawa, hartina: Pakem atawa poegeran.

Djadi pali teh beunang diseboet koe oerang oegeran atawa wet.

Tina ketjap pali oerang Djawa njieun ketjap roendajan papali, nja eta diradjek sorana noe mimiti. Tjaritana noe njieun ketjap papali teh Ki Ageng Sela, hartina sagala tjegahan, anoe oelah dilampahkeun koe djelema (lain koe boedak bae), sabab aja matakna. Aja hidji wawatjan anoe ngaranna papali, nja et njaritakeun sagala piwoeroekna Ki Ageng Sela tea. Mimitina eta wawatjan poepoeh:

Dangdanggoela

Ki Ageng sela ing kang winarni, lagya