Page:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/7

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
tuha pwa ja sakamantyan, salwir ing satwa haneng alas kinawacâkên ira makâdi singha mwang wyaghra Iâwan ikang ga­jah. Ya tikâ kinawacâkên ikâ de nira. Ka­kawaça pwa satwa de nira, inaranan ta sang Sarwadamana. Katêkân ikâ nêmang tahun lawas nirân rare, mangkin katon Kalituhayun ing awak nira. Cakra tulis ni karatala nira, manggihakna ng kacakra­wartyan, sira dlâha.

Inantyaken ira ta ya, ndâtan hana pan­gundang mahârâja Duçwanta sira. Pri­hatin ta sang Cakuntalâ, tumangisi ta­naya nira. Wruh pwa bhagawân Kanwa ry ambêk sang Cakuntalâ. Makon ta sira i çisya nira tâpasa, umiringakna sang Cakuntalâ, datêngeng mahârâja Duç­wanta, mangatêrakna tanaya nira, Lu­mampah ta sira. Sadatêng nireng Hâsti­napura, kapangguh mahârâja Duçwanta, sêdêng maweh sewaka sira. Mojar ta sang Cakuntalâ:

„Sâjnâ haji, samaya ni nghulun. ngüni mwang mahârâja, yan mânaka nghulun lâwan haji ring dlâha, mangalilirana ka­datwan. rahadyan sanghulun. An-mangkuna ling patik haji, umom ta sang nâtha, yumogyani samaya mami. Hetu ni nghulun manggân kaharasa de rahadyan sanghulun. lke kâri de cri mahârâja ri dalêm wêtêng, yateki Sarwadamana ngaranya.. Yogya ta rahadyan sanghulun umabhise­kâ ri samangkana, maweha ng kayuwarâ­jan ring suputra rumuhun.”

Mangkana ling sang Cakuntalâ. Suma­hur mahârâja Duçwanta:

„Syapa makastri kita sang dustatâpasi? Aku dinalihta swâminyu, atyanta tan wruh ring asambhawa ike ta karih! Hana karikâ ratu cakrawarti makastri tapaswi nicajanma! Apa tiki kadatwan katunan striratna marika nghulun prabhu? Arah laku mür ta ko saka ngke! Aparan tatan kaharêpa rnwân, pakastri dening prabhu cakrawarti.”

Mangkana ling mahârâja Duçwanta, anangis ta sang Cakuntalâ, sawet ning irang ira, Mojar ta sira muwah:

ki ageung, naloekkeun sakabéh sato leuweung saperti singa, maoeng djeung gadjah. Kabéh soemoedjoed ka andjeunna, nja didjenengan Sarwadamana (hartina: malim toekang naloekkeun sasatoan). Barang joeswana geus genep taoen, beuki tambah kasép. Dina dampal pananganana aja radjah (goerat nampal) panah-tjakra, djadi tjiri wan­tji bakal djadi ratoe njakrawati.

Déwi Cakuntala nganti-nganti panjaoer ti Radja Duçwanta teu aja baé. Ngaraos prihatin Déwi Cakuntala nangisan poetrana. Bagawan Kanwa oeninga kana manahna Cakuntala. ladjeng miwarang tjatrik ngiring Dèwi Cakuntala, ngadeuheus ka Radja Duçwanta njanggakeun poetrana. Toeloej arangkat. Sasoempingna ka Hastinapoera, kasondong Maharadja Duçwanta keur sinéwaka. Pok Dèwi Cakuntala oen­djoekan:

„Moegi teu djadi bendoe, Kangdjeng Ra­dja, kapoengkoer panoehoen abdi, oepami abdi ngalahirkeun, boedakna sina ngagentos neraskeun kaprabon. Kana soebaja éta gamparan djangdji baris nekanan. Éta margina noe mawi harita abdi ngiring kana sakersa. Tah ieu ajeuna anoe dikandoeng koe abdi tampi pasihan ti gamparan téh, Sarwadamana ngaranna. Mangga koe gamparan ajeuna ieu boedak geura berkahan, saparantosna djoengdjoeng loenggoeh djadi Pangeran anom.”

Kitoe kasaoeran Cakuntala. Radja Duçwanta ngawalon.

„Saha anoe mirabi ka manèh, èh awéwé garéng! Aing koe manéh diakoe salaki, aing, anoe teu wawoeh-wawoeh atjan di manèh! Naha dikira hidji radja njakrawati, piker­saeun migarwa awéwé hina! Naha pangira manéh aing hidji radja agoeng di dieu di karaton kakoerangan awèwé anoe gareulis? Njingkah sia! Montong ngarepkeun awéwé pantar sia mah djadi garwa radja njak­rawati!

Kitoe dawoehanana Maharadja Ducwanta. Nangis Déwi Cakuntala bawaning koe wi­rang. Pok andjennua sasaoeran deui: