Page:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/14

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

mah boga saderek teh teu aja pisan rasrasan, peungpeung teugeuh harianeun, abong ka dewa taja pangawasana. Doepi èta djimat anoe dipoendoet teh, djimat naon tèa, rai mah kawaranan tina teu atjan terang.”

Koesiwel Sang Hijang Rantjasan njandak djimat tina sanggoel ditembeongkeun ka raina bari sasaoeran: „Tah nja ieu, anoe diseboet Lajang Kalimoersada tèa.”

Barang ret djimat katingal, teu antaparah deui ngan gabroeg baè Sang Hijang Toenggal ngarontok ngareboet Lajang Kalimoersada, tapi koe Sang Rantjasan dipa­geuhan toengtoengna ger baè galoengan pare­boet djimat, sarta Batara.Rantjasan diredjeng koe doeaan, Sang Hijang Moenget ti katoe­hoe, Sang Hijang toenggal ti kéntja. Tina rongkah pada rongkah, anoe ngadontja so­roea bedasna, karawak baè salira Batara Rantjasan beulah, blak Toenggal djeung Moenget nangkarak-bengkang, ngeukeuweuk panangan Sang Rantjasan anoe geus babar pada sapisan. Toenggal Moenget ngaharoe­leng ningal raka geus lastari, tinggal banoe­sanana geus roeksak, djol handjakal ningal kana baloekarna, toengtoengna segroek narangis, paoengkoe-oengkoe doeaan.

Sabot keur kitoe, ngong soara tan kati­ngal, oengelna: „He Moengot djeung Toenggal! andika martabat boedjang, beunang koe panitah noe lian, ajeuna keuna soepata, andika bakal djadi panakawan, henteu meudjeuhna andika aja di kadé­watan.

Sang Hijang Moenget djeung SangHijang Toenggal sadjongdjongan mah olohok baè, ti dinja pok Sang Hijang Moenget sasaoeran, ngadjak moelih ka Soeralaja njanggakeun djimat tèa, pedah geus hasil satimbalan, Lajang Kalimoersada geus aja dina pana­nganana,

Tapi Sang Hijang Toenggal teu sapoek kana pangadjak raina, saoerna: „He adi, Sang Hijang Moenget, rasa kakang bodo teu katotolojoh, lamoen èta djimat koe oerang disanggakeun ka Adi Goeroe, oerang teh njaeuran goenoeng koe taneuh, mana ari adjang oerang? kapan oerang toenggal poetra Kangdjeng Rama, pantes koedoe pada meunang waris, oelah njamos teu naon ­teu naon; ieu poesaka anoe geus aja dina leungeun oerang, nja bagian oerang, oelah dibikeun deui ka batoer. Ajeuna mah kadjeun oerang henteu djadi dewa sok moen boga ieu djimat, anoe kasiatna len­wih ti Sawarga-loka kadjeun lamoen adi henteu kersa, kadieukenn baè atijang kakang, da kapan beunang hese tjape oerang doeaan.”

Koe Sang Hijang Moenget kamanah, oepami Sang Toenggal henteu dianteur karepna, keukeuh dipaksa diadjak moelang, tangtoe koedoe taroeng deui djeung doeloer, anoe baloekarna tadi geus karasa njeri peurihna, ningal banoesan saderek, kadoe­hoeng rasa handjakal, djadi taja lian ngan koedoe soerti salah saoerang, ditoeroetkeun sapangadjakna.

Saoer Sang Hijang Moenget: „Ari rmoenggoeh lebah rai mah, nja bade toemoet kana sakersa kakang baè, moal ngo­lalangkoengan anoe djadi sepuh. Tjènah ieu djimat oelah disanggakenn deui ka Adi Goeroe, mangga teh teuing, keun baè koe rai ditjangking, pibekeleun oerang ngoembara.”

Saoer Sang Toenggal: „Soekoer ari adi roedjoek mah, kana pangadjak kakang, atoeh ka dieuh baè èta djimat oerang bawa koe kakang, da kakang doeloer pangkolotna noe koedoe loempang ti heula, moal hade djimat pandeuri djeung adi!”

Saoer Sang Hijang Moenget: „Soepajo djimat oelah pindah tangan, kadjeun oerang toekeur basa, kakang anoe kedah njeboet kakang ka adi, adi anoe njeboet adi ka kakang, toekeur basa toempang djimat, djadi loeloes sapamoendoet laksana saka­palaj tèa!”

Sang Hijang Toenggal eleh pelit kalah akal, toengtoengna leah soemangga, ti harita toekeur basa. Djoeng djalengkar babarengan doeaan toeroen goenoeng oenggah goenoeng, tapi taja kamarasan da masih salira dewa, koematjatjang di boeana.

Ti dinja Sang Toenggal ngadjak salin djisim, mindah wanda kamanoesan, ngarah soeroep kana lakoe, sabot eukeur djadi boeron, paminggatan Soeralaja.

Ladjeng neneda soedjoed kana djimat Lajang Kalimoersada, awit Sang Hijang Toenggal heula, ana djleg bet tjewaw, soengoet ngoblog ten gadoan, koeplak-kap-