Page:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/13

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

nyamoer. Tah kitoe an dawoehan Kangdjeng Dalem Tjiamis pangsioen mah.

- - - - - - - - - -

Dina wawatjan Palasara anoe parantos nerekab di dieu di Soenda, aja deui toetoeran Semar teh, sarta teuu mantra mantra kana tjarios anoe Parantos parantos, geura kieu ari di dinja mah tjariosanana:

Batara Goeroe anoe djadi Ratoe di Soeralaja mentas kenging tjotjoba manah, njaèta lantaran Kahiangan rek dirandjah boeta. Nanging koe Pitoeloengna Batara Wisnoe, èta radja boeta sabaladna anoe reana saratoes djeung lima danawa tèa, teu bisa laksana karepna kapegat di djalan, sarta bala boeta anoe saratoes tjarem koe boeta lima, tataloekan asal radjana tèa. Boeta anoe saratoes ana nitis diahir ka Korawa poetra Astina djadi saratoes deui, ari radja boeta anoe Lima di patapan Pan­dita Omanangsa dirampidkeun nja ana djleg djadi keris Pantjaroba. Sarengsena Batara Wisnoe ngajonan danawa, Sawarga loka kaloear tina Pantjabaja, para dewa batara pada soekan-soekan ngebrehkeun kagerah manah.

Harita Batara Goeroe kabendon koe Kang Moerbengdjagat, reh keuna koe panggoda manah katibanan panggalih diri kagoengan sangka jèn moal aja anoe ngoengkoelan ngaleuleuwihan ka andjeunna.

Koe Batara Goeroe kadangoe aja soara tan katingal, anoe oengelna yen èta parnendak manahna sasar, taja petana ninggang dienjana, sabab koe papada dewa deui oge anoe aja di Sawarga-1oka keneh, ngan teu kaoeninga koe andjeunna, nja èta koe noe ngagem djimat Kalimoersada (Lajang Kalih Oesada) kamoeljaanana kaagoenganana teh tejana geus kaoengkoelan.

Batara Goeroe melengek liwoeng panggalih, mana horeng soelaja tina sangka njana, djorodjoj manah panggoda, mika­jong djimat Lajang Kalimoersada anoe jadi ageman rakana anoe djenengan Dewa batara Rantjasan, asal djimat titilar ramana ti sang Hijang Wenang, Batara Goeroe medal manah sarakah ngakal-ngakal warisan raka. Batara Goeroe ladjeng miwarang poetrana, Batara Basoeki, doemeuheus ka Batara Rantjasan nimbalan ngaririhan djimat Lajang Kalimoersada tèa, tina oetamana èta mah djimat teh kedah aja di noe djadi Adji, lain di sambarang dewa.

Batara Basoeki soemping doemeuheus ka rama oea, sarta pok oendjoek satimbalan Batara Goeroe, moendoet Lajang Kalimoersada tèa.

Batara Rantjasan, toegenah manah tina ngaraos diteungteuinganan rakana nepi ka tega ngarangsadan, saderek, djimat ngan hidji-hidjina poesaka warisan ti rama, make dipoendoet, toer ta Batara Goeroe mah djadi Ratoe Pinoendjoel radja di Sawarga loka, ngabawah para dewa batara, woeri-woeni karooh koe poesaka noe teu sabaraha.

Batara Rantjasan henteu sasaoeran deui ngan kodjengkang baè angkat, medal sila ti sawarga, lolos ngantoen kadewatan, poetra anoe keur ngadeuheus teu ditolih-tolih deui.

Barang Batara Goeroe ngadangoe yen Batarara Rantjasan henteu toemoet kana sapa­moendoetna, baha kana kapalaj radja, teu kira-kira bendoena, ladjeng njaoer saderekna anoe doea, nja èta Sang Hijang Moenget sarong Sang Hijang Toenggal, anoe parantos kaerong koe andjeunna baris kersa sarta pikadada kadoegaeun maksa Batara Ran­tjasan, anoe bahoela honteu koemawoela ka radja.

Sang Hijang Moengoet sareng Sang Hiang Toenggal ngemban timbalan raina loemoengsoer ka Martjapada ngoengsi lari saderekna noe lolos ti Soeralaja. Lami-lami tina diha­ben disoesoel-soesoel, Batara Rantjasan ka­pendak, keur leuleuweungan ngalalana di boeana.

Barang gok paamprok silih rangkoel djeung sadorek tina sono djeung teu njana patepang di Pan tjatengah. Batara Rantjasan ngadadar kasedih galih, teu raos koe Batara Goeroe saoerna:

„Geura ku adi-adi galih, kakang anoe ngan diwaris djimat teu doea teu tiloe koe kandjeng.Rama, hajoh make diririhan dikoerihit, dipoendoet, tetela Adi Goeroe karooh lantaran hawek, da kapan andjeun na mah geus djadi radja moelja teu aja kakoerang. Benerna mah keun doeloer oge sina ngarasa bagdja miboga poesaka sepoeh, oelah hawek ngan hajang sorangan baè.”

Sang Hijang Toenggal api-api ngiring sedih, pok sasaoeran: „Poegoeh oge kakang, oerang