Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/6

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
tétéla katindihan pangarti, rumasa clok ti handap, dugi ka tungtungna Sumantri kapépéd, balaka yén henteu kuat, neda agung pangampura. Ku Kangjeng Ra­ja Arjuna Sasra dihapunten, mung ku margi geus kumalancang kumawani ngalanggar cegahing nagara, Sumantri nembé baris ditampi deui migusti, upa­mi iasa ngalaksanakeun pamundut kang­jeng Raja, mindahkeun taman Sriwidari ka jero dayeuh Maéspati.

Radén Sumantri, najan ngaraos abot seunggah jeung wegah ngadangu timba­lan Raja, nanging teu burung nyu­manggakeun nyanggeman kana sadawu­hanana.

Ku anjeunna kamanah taya petana anjeunna nyalira iasa mindahkeun éta ta­man, tangtos kedah aya nu ngabantu. Anu kaerong piiasaeun kana kitu, taya lian kajaba ti sadérékna anu tanpa dak­sa téa. Ku margi éta énggal baé Radén Sumantri mulih ka patapan ramana ne­pangan raina, seja nyarandu mundut tulung.

Radén Sokasrana ujug-ujug sang­gup baé, ari pamundutna taya lian ngan sok mun dicandak ka nagara.

Taman Sriwidari sareng sabregna pa­rantos aya di jero dayeuh Maéspati ku pitulungna Sokasrana.

Saparantos bérés Sokasrana masrah­keun taman Sriwidari ka Radén Soman­tri, nya pok deui unjukan hoyong tetep di Maèspati ngiring rakana, nanging ku rakana teu didangu anggur ditundung dijurung mulang.

Tina keukeuh pada keukeuh dugi ka ger perang, sarta Radén Sumantri kale­pasan biur baé mentangkeun panah ca­kra, jeplok keuna ka Sokasrana, harita kénéh Sokasrana katibanan, lajeng sukma tinggal raga, ngong aya soara, ”Beu teungteuingeun, téga ka nu tanpa dosa; rasakeun baé, baring suk pagi tangtu aya wawales, hutang pati bayar pati, hu­tang wirang bayar wirang!”

Saparantos pupus raina Radén Su­mantri diangkat jadi papatih Maéspati, sarta gentos jenengan Radén Suwanda.

Ari Sukma Sokasrana lungsur di

Ngaléngka, jadi warga Rahwana tukang ngangsonan ngarojokan kana julig laku dengki.

Patih Suwanda nya pupus ku Rahwana (Dasamuka) dina nalika Maéspati ditempuh.


Aya sambunganana.


BABAD SANTJANG

Kénging itikurih A. Ganda Prawira.

ASMARANDANA.


Samboengan P. S. No. 1 katja 9.


ASMARANDANA.

20. Ngan di luhur cagak hiji,
disebutna talawungan,
cék béja éta tangkal téh,
tempat pamuan heurap,
Embah Braja dilewa,
tapi pantes sarta surup,
enya jiga talawungan.
21. Meureun pimanaeun teuing,
sagedé naon heurapna,
matak moncor bedug ogé,
cenah baheula geus aya,
anu geus kawénéhan,
tukang lintar ngala lauk,
manggih timah batu heurap.
22. Tapi ngan saali-ali,
taksiran mah pasésaan,
ari pék ku manéhna téh,
dijieunan batu heurap,
jadi tilu rahaban,
geura mangga baé émut,
pigedéeun éta heurap.
23. Cacak ngan saali-ali,
bet jadi tilu rahaban,
tina awahing gedé,
jeung aya hiji kiara,
gedé kabina-bina,
akar pabeulit ngagulung,
rumbay rambay ngajarepat.
24. Rupana dapuran badis,
ceplés tangga tahap-tahap,

22