Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/2

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
kapan ngan dipoloeng djeung dipitjeun: moeng panoehoen oelah ngeukeuweuk tjotjongoan, eta P. S. No. 1 taoen ka II, sareng ieu nomer doeana oge, kedah diwangsoelkeun deui ka kolotna di Weltevreden. Nja kitoe deui ka noe tambelar teu kersa ngabalandjaan, atoeh oerang pondok djodo pandjang baraja bae, da awet oge ari radjet mah tjoemah, moal matak djadi dangdanan era koe tatangga.

Koe margi eta ajeuna mah kade tjindek bae, oepami sakinten bade dianggo loeloemajanan disapirakeun mah narah. Mangga diongklangan, teu weleh ari mere omber mah, dongkap ka beh-ditoena, ping 15 sasih pajoen, sasih oktober. Oepami dongkap ka dinja teu aja bae pangbajoean, nja oerang bibilasan tea bae.

Sareng perloe ka oeninga koe sadaja, jen njitak P. S. teh moeng sareana langganan, djadi bakal aja langganan anjar anoe moal nampi ti nomer hidjina, oepami teu enggal-enggal moendoet ti ajeuna.

Koe margi P. S. nomer hidji parantos seep, anoe teu atjan nampi, nomer eta moegi kersa sabar heulaanan bade ngantos ti anoe diwangsoelkeun deui.

Ka para Djoeragan anoe parantos merloekeun ngintoen artos, Redaksi oendjoek noehoen.


BAB WAJANG

Beunang njoetat tina boekoe karangan, Toean J. Kats.

LALAKON ARDJOENA SASRA BAOE

Samboengan P. S. No. 1 katja 4.

Dasamoeka kasoran djoeritna, kapaksa pasrah salira ; moeng sakoemaha anoe parantos di tjarioskeun di loehoer, jen Radja Maespati, Sang Ardjoena Sasra, tigin kabeulit koe djangdji, teu kenging nelasan Rahwana. Dasamoeka kenging widi moelih deui ka Alengka, saparantos dibeungbeuratan koe sumpah, jen kedah ngaleboer tapak, megoeng napsoe nahan hawa pangadjakna amarah, nitih adil soetji ati, tebih ti noe enggeus-enggeus.

Nanging saparantos Rahwana soemping deui ka Alengka, koeda ngentjar ti gedongan, moengkoer ti noe djadi ratoe, dasar bedang ratoe napsoe, manan peroeh anggoer woewoeh, batan kapok kalah gawok, soempah teu aja goenana, der bae mapakdeui balad, bendoe ngagoedoeg-goedoeg, tikel toedjoeh ti kapoengkur, raos asa diwiwirang.

Saparantos sajagiasak pasini, nembe Dasamoeka djengkar deui, diiring koe senapati kapetengan noe garagah noe rarongkah, ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, ngagiring para wadia balad, estoe dikerid peuti saeusi nagri Alengka, rangkedoeh gagaman perang, gada toembak tameng-dada, langkoeng sajaga tohaga, batan ngaroeroeg moenggaran tea. Sasoempingna ka Maespati, teu tatapasini deui ger bae diperangan, dajeuh dikepoeng boeaja-mangap, diangseg teu meunang engap. Tina diambreg, teu bisa njeunghap, oerang Maespati kapeped, sarta Ardjoena Sasra Baoe poepoes koe panah di pangperangan. (Lalakon poepoesna Ardjoena Sasra Baoe anoe langkoeng tetela tingali : Sempalan ka III di pengker). Saparantos Rawana ningali moesoeh boebar katawoeran, ratoena geus poepoes kasamboet, nagarana geus roeksak dirandjah boeta, nembe tibra manahna soeka-soeka sabaladna, moelih deui ka Alengka, ngaladjengkeun taladjakna tjara noe ka toekang-toekang. Tah ringkesna lalkon Ardjoena Sasra Baoe teh moeng sakitoe pokona mah, pandjang soteh ditambihan koe sempalanana. Ieu dihandap dipedar deui sempalanana oge, noemoetkeun poko papakem asal.


SEMPALAN I

Kakotjapkeun Widadari anoe djenengan Retna Windradi anoe dipigarwa koe Gotama, parantos kagoengan poetra ti Batara Soerja sadajana tiloe, nja eta:

  1. Retna Andjani
  2. Raden Soebali
  3. Raden Soegriwa

Retna Andjani koe iboena dipaparin tjoepoe djoeroe woeloe (dalapan), anoe ka