Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/14

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
maloen henteu kalawan pitoeloengna eta monjet-monjet tea. Tah ari eta anoe diseboet monjèt-monjèt tèh, koe anoe moeka lalakon Ramajana geus di tetelakeun, jen lain monjet enja, tapi makasoedna nja eta oerang priboemi (oerang Hindoena) anoe sabiloeloengan djeung Batara Rama. Koe anoe ngarangna lalakon Ramajana bangsa Arier, oerang priboemi Hindoe teh dieunteupkeunana kana monjet, tina dihina keunana nepi ka teu dianggap djelema.

Ari di dieu di oerang, kadjaba ti aja boeta aja monjèt teh, ditambahan djeung make aja panakawan deui. Anoe ngarangna, anoe matak dina wajang aja panambah panakawan, doeka oerang dieu doeka oerang Hindoe di dieu. Sareng kana pikarepeunana anoe ngarang, naha enja eta tiloe panakawan teh djadi perlambang gambarna oerang Djawa anoe ngawoela ka bangsa Satria (Hindoe), atawa sanes? Eta paek keneh.

Djisim koering henteu tiasa netepkeun koemaha anggapanana noe ngageugeuh tanah Djawa baheula ka bangsa priboemi, naha tjara Ardjoena ka panakawanana atawa koemaha. Di Malajoe mah aja anoe djadi wawaton antara ratoe djeung oeloen koeringna, malah kaoengel dina kitab-kitabna sareng dina Sadjarah Malajoe. Kieu ringkesna anoe dina Sadjarah Malajoe mah:

Sang Soeparba (anoe ngaroendajken radja-radja Malajoe) sareng doea saderekna loengsoer ti Kahijangan di Boekit Segoentang (Palembang), kagoenganana garwa ka poetri-poetri poetra radja. Anoe mangsa harita djadi Radja di Palembang djenenganana Demang Lebar Daoen, kagoengan poetra istri geulis kawanti-wanti. Sang Poetri dipoendoet koe Sang Soeparba, koe ramana moal dipasihkeun oepami Sang Soeparba henteu ngadamel perdjangdjian, Kieu saoer Demang Lebar Daoen: „Goesti, poen anak moal kasanggakeun, oepami Dampal Goesti henteu kersa djangdji jen bade roemaksa roemawat ka sadaja anoe oeloen koemawoela, Anak-intjoe sareng satoeroen-toeroenan abdi goesti, sedja soemoedjoed ka Dampal Goesti, moeng dina aja kaireugan katalingeuhanana, poma oelah diwiwirang oelah dinjenjeri disiksa koe panganiaja, oepami gede dosana rnangga tibanan hoekoem pati; kitoe oge oepami sapatotos sareng hoekoeman Allah Ta'alah.

Dawoehan Sang Soeparba: „Mangga, tapi sawangsoelna abdi-abdi koedoe djangdji jen moal baha ka radja”.

Nja Sang Soeparba kedal soepata ngaragragkeun saoer, jen saha-saha anoe tjidra teu toemoet kana eta pikoekoeh, bakal dibalik lemah. Eta margina anoe mawi radja-radja Malajoe mah mangkring kana nganjenjeri abdi, tara nganiaja koe pangwiwirang, tara nandasa kana kahormatan djelema. Sawangsoelna abdi-abdi soemoedjoed ka ratoe tara baha.

Oepama aja ratoe anoe ngarempak boh nganjenjeri boh ngawiwirang ka abdina, eta djadi kila-kila (totonden) jen nagarana tereh roentag”.

Tah kitoe moenggoeh di Malajoe mah. Ari di dieu teu atjan tiasa ditetepkeun, noemawi samar keneh kana njoerahan Kiai Semar teh, naon atanapi saha saenjana?

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

Noemoetkoun karangan Djoeragan Boediardjo, eta anoe tiloe panakawan teh, kieu toetoeranana (diringkeskeun):

Lalakon wajang teh dianggitna alam K. Radja Aerlañgga ngasta kakawasaan di Djawa, kira-kira dina taoen 1028 A. D, taoen Sjaka 950. Toetoeran Semar parantos didadar koe toean Van Stein Callenfels dina Kongres Taal-Land-en Volkenkunde van Java. Nanging oepami di dieu dipindo ditjarioskeun sakalian sareng toetoeranana panakawan anoe doeaan deui, asana nja moal gaplah moal moebah, malakmandar aja poeloenganeunana.

Samemeh njanggakeun pamendak pribados, bade mapaj heula raratanana Ki Dalang, anoe ilahar dihaleuangkeun dina kakawen mangsana Ki Panakawan rek medal tina kotakna. Kieu oengelna:

„Apata marmane paparab Semar? Milanira sineboet Semar, semar poenika saking temboeng samar. Mapan pranjata Kiai Loerah Semar, samar woedjoedira. Jen den wastanana djaloe, wandanira kadi wanita; jen sineboeta estri, dadapoenanira teka prija. kaja paran ta sasipatanira Kijai Loerah Semar? Iroeng njoenti, mrak ateni; mripat rembes, mrak ateni (ginak-ginoek, mrak mateni; sadaja sarwa mrak ateni).

Sinten ingkan - kanggenan Kijai Loerah

30