This page has not been proofread.
No. 2 |
Augustus 1923 |
Tahoen ka 2 |
POESAKA-SOENDA DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN JAVA-INSTITUUT Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT TOEDJOEL SERAT : - LAAN WIECHERT 13. – WELTEVREDEN |
Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah. |
|
ngintoenkeun eta artos langganan anoe moeng ƒ 3 (tiloe roepia) tea pikeun satahoeneun, ngetang ti Juli 1923, dongkap ka sasih Juni 1924. Moegi kamanah koe sadaja jen hiroepna P. S. teh, taja sanes moeng tina langganan tea, djadi oepami para Djoeragan teu enggal nohonan kana panoehoen Redaksi, tan wande P. S. kasorang bahaja. Ninggal berendelanana anoe parantos ngabajoean P. S. taoen ka doea, nja rada matak hariwang, tina entang-entangan keneh naker. Koe margi eta disoehoenkeun anoe sanget pisan ka sadajana para djoeragan anoe teu atjan ngintoen artos langganan pikeun taoen ka doea tea, soepados enggal-enggal ngawangsoelkeun deui balangko-poswesel saparantosna dilebetan perak tiloe tea, oelah sina moelang lengoh.
Para Djoeragan anoe pegat doeriat nolas moal nolih deui ka Poesaka-Soenda, nja henteu koemaha, da doelang tinande tea, |
17