Page:Poesaka Soenda 1923-07-2(01).pdf/3

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
na kersana, nja ngaeitan ngoembar amarah, ngagoear pangdjoeroeng napsoe.

Anoe didjoengdjoeng loenggoeh mangkoe kaprabon di Ngalengka ngagentos ramana, nja Dasamoeka.

Teu acan lami ngadegna narpati, Dasamoeka nimbalan mapak bala, baris ngaroegroeg ka Lokapala, hojong ngadjabel nagara sadèrèkna sarama tèa.

Nagara Lokapala diroeksak dioebrak-abrik koe Dasamoeka sabaladna, malah Danaradja poepoes kasamboet ing danalaga. Radja Danaradja ditjandak koe d èwa ka sawarga-loka tina moelja manah taja koetjiwana.

Di Lokapala Dasamoeka ningali hidji istri geulis lir wiadadari toeroen ri langit, matak bengong anoe nèndjo,. Matak kabita noe ninggal, djenenganana Dèwi Sri, garwana Batara Wisnoe. Dasamoeka1 kantoen ka èdanan, tjaoe ambon dikorangan, bogoh henteu kalajanan, henteu iasa ngamilik D èwi Widawati, sarta ti wangkid harita teu aja deui anoe koematjatjang dina manahna, anoe ngantjik dina galihna ngan istri geulis. Lantaran geus kadendam koe kaèndahan istri, Dasamoeka tambah djodjoh kana awon, oenggal nagara dirandjah, rèa nagri noe dibasmi lantaran nèangan modjang, tambah rèa komo njoso, istri dikerid ka Lengka.

Demi èta Dèwi Sri tèh nitisna ngadjadi poetri, noengtoengan medal di poeri Magada, di Maèspati, di Mantili sareng Ngajodija. Sigeg tjarios Dasamoeka ane keue katadji koe istri, ketjapkeun di nagara Maèspati, anoe djoemeneng Adji djoedjoeloek Peboe Ardjoena Sasra Baoe, radja anoe kakontjara sabar adil palamarta, dipikawedi dipikaasih koe saeusi nagri, tina djembar pangawasana, kakongas gagah perkosa, èstoe lalaki langit lalanang djagat, kasèp teu aya bangsana, salira lenggik lir dèwa Kamadjaja ampeoh timpoeh pinoeh koe panemoe, kawantor Ratoe titisan Wisnoe.

Karatonna agrèng lir sawarga loka, sagala emas salaka, hoeroeng-h èrang moerab moebyar, kawantoe kahoengan ratoe hinoehoeng. Moeng handjakal kangdjeng Radja teu atjan kagoengan pram èswari, teu atjan mendak noe soeroep kana kalboena; ari lantaranana nja èta koe margo Kangdjeng radja titisan Wisnoe, tèa djadi ngilarina pramèswari og è henteu iasa ka sambarang istri, nanging kedah ka titisan Dèwi Sri, widadari garwana Wisnoe tèa .

Nja barang kapendak koe Sang Adji jèn Dewi Sri nitisna di nagara Magada, ka poetri anoe kakasihna Dèwi Tjitrawati, ènggal dilamar didamel pram èswari.

Katjarioskeun deui Radja Dasamoeka, barang kakontjara djembar, kawentar radjana pinter, ngaraos asa aja anoe ngaloehoeran ngalalangkahan, teu tahan panas ngentab ka èrab koe soerakna djelema loba; ènggalna soesoembar ngoembar amarah, saoerna: “lamoen atjan leboer adjoer, doroeksak dioebrak abrik, nagara Ardjoena Sastra, radjana dibandang rek dikaniaja, atjan ngeunah atjan tiis rasaning pikur; naha mana ngoenghal tjampelak, k èna-k èna djadi radja, hajang ngaleulewihan Alengka”.

Tina panasna koe b èdja, ènggalna Dasamoeka ngoempoelkeun para ratoe tatalokan, magplaran sareng sadaja mantri ponggawa, gegedog boeta denawa, barempag r èk ngaroegroeg djoerit.

Saparantos rempoeg djoekoeng sabiloeloengan, broel sadaja mangkat para senapati kapetengan noe djadi kapala perang, giak pada soeka-soeka, boengah koemawoela ka radja, r èh baris ningker nagara Ma èspati, nempoeh Ardjoena Sastra Baoe.

Henteu kotjap di djalanna, teu lami geus aja di nagri, djalma oerang tepis wiring pada goejoer tagiwoer, r èh lemboer-lemboer dirajah dirandjah boeta. Oerang Ma èspati pada riabpasalebroengan ngoengsi ka djero nagri, oendjoekan j èn aja boeta karaman, ratoe moesoeh noe ngaroegroeg.

Bala tantara Ma èspati rikat ngalawanna rapat, ngajonan moesoeh anoe ngadjorag,. Toh pati djiwa raga, ngamoek nga-

3