Page:Poesaka Soenda 1923-07-2(01).pdf/2

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

teu atjan, malah ringkesna eusi PS tahoen ka I tea, diserat dipengker, ètang-ètang pintonkeun ka anoe teu atjan wanoh sareng poestaka padoemoekan kasoendaan.

Menggah anoe djadi pangoeroes saawitna dirèwong koe ka hariwang, inggis teu dipisoedi sok rèmpan teu dipisoeka, toeroeg-toeroeg dikoentit-koentit koe djangdji, nja èta: ”lamoen langganan poesaka soenda koerang ti 1000 (sarèboe), tangtoe koedoe di rorod, lantaran roegi teu aja piwaragadeunana.”

Nanging koe pangdeudeulna para mitra anoe kersa haat sabiloeloenganan kana oesaha baris moepoesti ngagoear medar poesaka kasoendaan tea, nadjan reana langganan taoe ka hidji oekoer ±900 (salapan ratoes) nja tiasa lana, tina langganan tèa. Njoemponan kana waragadna. Menggah anoe ngamoedina, sanadjan woengkoel dipoeoek koe karipoehan, èstoe teu gèder galideur, tina pageuh keukeuh hajang ngahoedangkeun sareng ngaliarkeun soegri titilar anoe dikira aja poerijaneunana sangkan djadi panambah kana reugreug pageuhna adeg kasoendaan tea.

Saparantos ngalangkoeng balang-bèngsalna taoen ka hidji, bakal ngahantja taoen kadoea, kawasna geus moal boa poesaka soenda tambah longsong, pinanggih loengsoer-langsar ninggal anoe moendoet djadi langganan anjar langkung ti 400 (opat ratoes), jaktos diantawis anoe laini aja ogè anoe nolas tèga pègat duriat tea mah ka PS anoe djadi pangoeroes katjida nganoehoenkeunana kana pitandangna Radèn Sastraatmadja Hoofdschoolopziener Bandoeng, ka Djoeragan Prawiraatmadja Tjiandjur, sareng ka Djoeragan-djoeragan anoe sanès anoe parantos kersa ngaliarkeun ie poesaka soenda doegi ka nerekab ka dèsa-dèsa.

Pamoegi-moegi baè ka pajoenna oelah aja barèbèdanana, laksana sapanedja.

• •

Mintonkeun

Kadjabi ti ka langganan, ieu poesaka soenda dikontoenkeun ogè ka para djoeragan anoe parantos kaerong pikeursaeun mileuleuheugkeun kana ieu poestaka, ètang-ètang tanda panglamar.

Oepami pinareng sapoek sareng panggalih moegi ènggal ngawartosan dina postwiesselna pamantjoeh pibajoeeunana. Nanging dina njolèdatna teu kabiroejoengan joe djodo, pamoegi teu jadi bendoe, ieu poesaka soenda kedah diwangsoelkeun deui, noen.

Tawis hormat ti Redaktie.


Bab Wajang

VI.

(Beunang njoetat tina boekoe karangan Toean J. Kats)

LALAKON ARDJOENA SASRA BAOE.

Samboengan PS No 12. katja 188.

Para poetra wisrawa anoe tiloe pameget tèa, noedjoe semedi siang-wengi njepi diri di hoenoeng Gohkarna, pada tatapa ngisat salira èstoe djoenoen sararoehoed ngadji lahir kasaktian, tjatjap tapi ka tamatna ;aksana sapanedjana. Koembakarna roepa boeta matak gila, ngadjoenggiring sagède pasir. Sotja montjorong lir srangèngè sakembaran, gagah rongkah tanaga bedas teu aya bangsana.

Demi Wibhisana anoe ditjileuk dioelik adji diri kamanoesaan, temahna sabar adil gedè wiwaha peajoga, sakti soerti pilih tanding.

Ari anoe djadi toengtoeng maksoed Damasoeka, hojong pinoendjoel langoeng ti batoer, leuwih ti soegri amoe koemelip, dipikasèrab koe para dèwa, oela aja anoe bisa ngahalang-halang kersana.

Pang sadaja pasedjaan sareng panenedana èta tiloe poetra Radja koe Sang Oetipati dikaboel, bisa tinekanan kata èkan, nja èta tina banget pameulina, koe tapa mangtaoen-taoen lilana, tjengeng manteng teu aja pegat kendatna.

Saparantos Rawana loebar tatapa, raos salira teu aja koetjiwana, moal aja anoe bisa ngaharoe biroe ngahalang-halang ka-