38. Soedjen teroes Koeda anoe aja koekoelintjiran dina kekemplonganana katjida gorengna, matak tjilaka koe moesoeh, mawa sial teu kendat kasoesah rea pitenah. 39. Kala tjetik Koeda anoe aja koekoelintjiran dina tetepokanana, katjida gorengna noengtoen radjawisoena, mindeng aja noe mitenahkeun, rea anoe nereka goreng. 40. Soereng baja Koeda anoe aja koekoelintjiran dina bokongna beulah katoehoe, teu hade dipiara, watekna sok mawa tjilaka ka noe boga. 41. Boentel majit Koeda anoe boentoetna ngaboendel (moentel boeloe boentoetna), katjida gorengna, lamoen dipake perang tangtoe anoe toempakna pinanggih adjal, perbawa anoe miarana tereh maot. 42. . . . . . . Koeda anoe boeloe boentoetna sok aboekana palawanganana, eta katjida gorengna watekna panas, perbawa nangtang bangsat, mindeng kapalingan. 43. Kala tjatjing Koeda anoe aja koekoelintjiran dina boedjoerna, eta katjida gorengna, perbawana kana mindeng manggih wirang. 44. Kala tjoewet Koeda anoe aja koekoelintjiran dina kakawetna, eta katjida gorengna, perbawana kana mawa tjilaka, matak apes. 45. Kala andjing laki Koeda anoe koekoelintjiran dina saloehoereun tjetjekolanana, katjida gorengna, mawa tjilaka ka noe boga, lamoen ditoempakan hajang ngaragragkeun bae. 46. Soeniataka asor Koeda anoe sanglir, watekna panas, matak roentag salelemboer, mawa sial ka tatangga. 47. Boeaja ngangsar Koeda anoe koekoelintjiran dina beuteungna, koerang hade, lantaran teu kaop dibawa meuntas sok toeloej depa dina tjai. |
48. Kala kepipit Koeda anoe aja koekoelintjiran dina emboen-emboenanana, watekna goreng katjida, matak tjilaka ka noe boga, lamoen ditoempakan tangtoe njilakakeun, tampolana tepi ka matak maot. 49. . . . . . . . Koeda anoe aja koekoelintjiran saloehoereun toeoer hareup, eta goreng pisan, sok njilakakeun ka noe toempak, lamoen dipake perang anoe toempak balik ngaran. 50. Toedjah boemi Koeda anoe aja koekoelintjiran dina soekoe hareup doeanana, eta goreng pisan perbawana, teu beunang dipake koemawoela, sok djadi moesoeh ratoe. 51. Bendana katoetan Koeda anoe aja koekoelintjiran dina soekoe hareup beulah katoehoe, katjida gorengna, perbawana matak kabandang koe moesoeh, kana redjeki matak lesang koerang. 52. Bendana rimbak Koeda anoe aja koekoelintjiran dina soekoe toekang beulah katoehoe, matak noengtoen panjakit, anoe bogana sok mindeng gering anoe matak djadi halangan. 53. Sandoeng baja Koeda sopal soekoe hareup doeanana, katjida gorengna mawa tjilaka, komo pikeun ka noe njekel pangkat mah, matak kabendon. 54. Sampar bangke Koeda sopal soekoe hareup beulah katoehoe, eta oge goreng watekna, matak rea anoe paraeh. Kadjabi ti anoe diserat di loehoer, ieu ditambihan koe Tjatoerangga koeda tina paririmbon Rd. Poeradiredja, margi aja oge bentenna sareng ieu, soemawonten dina ngaran-ngaranna mah. - - - - - - - - - - - Tjatoerangga koeda. Dina sempalan babad Mataram, diseboetkeun hal tjiri-wantji koeda noe hade noe goreng. |
Page:Poesaka Soenda 1923-05-1(11).pdf/10
Jump to navigation
Jump to search
This page has not been proofread.