Page:Poesaka Soenda 1923-04-1(10).pdf/2

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has been proofread.
raos kelar wararaas kagagas manahna ngangres njarioskeun lalakon salira anoe parantos kasorang, bet lar aja boeta awéwé matak gila matak geuleuh ngaliwat ka lebah dinja. Barang eta boeta ngareret ka Batara Rama, oemat-imoet loeja-léje, sihoreng teh aja manah. Djoegrah-djigrah ngadeukeutan bari ngaboeih teu repeh, pasemon aja kahojong, bogoh lain dikieuna, ditembongkeun teu aja pisan aling pipindingna, togmal moendoet dipigarwa, bari nanja noe ti mana, eukeur naon aja di dinja, ditambahan koe oetjap soegal raresag. Koe Batara Rama enggal diwaler sahinasna nganggo tata papagon karaton, jén andjeunna djenengan Batara Rama, keur ngalalana asal ti Ajogja, malah sawangsoelna Batara Rama malik mariksa ngaran. Boeta boengah tanpa tanding ngoeping pangwalon satria, marahmaj hegar njarita, jén manehna noe ngaran Sjoerpanakha sadérék Radja Rahwana, radja boeta noe katjeloek sakti manggoelang manggoeling, sarta teu euleum-euleum, ngabédégél ditaragal Batara Rama dipaksa baris didamel tjaroge, kedah pisah ti Sinta, anoe madjar tjengkrang begang.

Batara Rama titih rintih ngawaler ka Nji Raksasi, jen andjeunna mah barabé, kawantoe kagoengan garwa; Nji Danawa oelah mikarep ka noe rimbitan, moen deuk oge, dawoehanana, toeh ka adi koela, Lakshmana anoe masih keneh lagas. Naha henteu mikahajang éta, Lakshmana nonoman taja koetjiwana.

Sjoerpanakha malik seuri oemat-imoet atoh asa kalajanan, njoemanggakeun haripeut raos asa dihoetjoehkeun.

Namoeng koe Lakshmana ditampik sapadjodogan, henteu dioepah-oepah koe saoer anoe matak ngeunah, malah diléléwé koe pamojok, digeplakkeun satjeplekna.

Atoeh Nji Sjoerpanakha bendoe, moerang-maréng tina boga rasa wirang, ari ngambekna bet ka Dewi Sinta, ngodjengkang arek ngadjéwang, karepna arek dilegleg diteureuj boeleud.

Lakshmana rikat megat ngahalangan Dewi Sinta, sarta teu tata pasini deui barang Sjoerpanakha arek ngarontok simpreng bae iroeng boeta teh dikeureut, keplas tjeulina ditilas. Atoeh Nji Boeta adoeg ladjer iroeng roempoeng tjeuli rawing, getih moengsrat

oelaweran. Manéhna tjeurik riwih-rawah ngabigbrig balik, midangdam ngawakwak sasambat ka doeloerna anoe ngaran Khara, menta dipangmaleskeun pedah geus dinjenjeri dikaniaja djeung diwiwirang, ditampik koe lalaki doeaan, ngadoni madjar koe panitahna hidji awèwè batoerna anoe doeaan tea, noe djoemorogdjog tanpa larapan datang ka tempatna.

Boeta Khara teu tatanja deui, ningal doeloer lamokot koe getih, poedigdig ambek, harita keneh ngadjorag mawa balad 14 boeta, sarta sanggeus èlèh noe 14 datang deui mawa balad 14.000, tapi henteu tahan njangga karosaanana Batara Rama, eta danawa tjarem kabéh, malah Khara ogé kasamboet di pangperangan. Harita Dewi Sinta disoempoetkeun dina hidji goeha didjaga koe Lakshmana anoe geus sadia pakarang.

Barang Khara geus maot, Sjoerpanakha léos bae indit karepna rek menta toeloeng ka lantjeukna anoe djadi gedè goenoeng pananggeuhan tea, nja eta Radja Rahwana atawa Dasamoeka, hartina boeta anoe sirahna sapoeloeh, radja di nagara Langka (Ngalengka) ajana di sapeuntaseun laoet.

Sadatangna Sjoerpanakha ka pajoeneun Rahwana, riwih-rawah tjeurik bari nembongkeun iroeng djeung tjeulina, ditjaritakeun jen dikaniaja diwiwirang dinjenjeri koe Rama. Teu répéh ngétjéblék ngangsonan menta dipangmaleskeun, koedoe dipaling awèwèna anoe ngaran Sinta, anoe kageulisanana di doenja teu aja bangsana.

Radja Rahwana kabongroj koe pangangsonan, enggal sanggoep ngalaksanakeun pamoendoet saderekna baris mangmaleskeun kanjerina, hoetang wirang bajar wirang hoetang njeri bajar njeri. Rama baris ditempoèh diperangan.

Namoeng keuna koe pangrodjokanana boeta noe lian, nandasana moal ditaragal, nja baris dibales koe akal djoeng diiwat garwana, sangkan Rama poepoes kaboelenglengan, tina kawangwang taja petana koeat nadah soengkawa kailang-ilangan geureuha.

Radja Rahwana djengkar ti Alengka nitih kareta emas; ngapoeng ngawang-ngawang ngadjoegdjoeg leuweung Dandaka tempat Batara Rama tèa. Karètana dilirènkeun sindang heula di hareupeun imah hidji boeta, mitra andjeunna, anoe sok ditjandak sakoe-

146