This page has not been proofread.
- Ngimpi palid ka laoet, bakal laksana anoe disedja, tapi batoer rea anoe ngewa.
- Ngimpi ngarasa panas, bakal meunang redjeki tina djalan serong.
- Ngimpi dahar boeah, bakal aja noe matjikeuh.
- Ngimpi ningal warna-warna kembang, bakal djadi pangkat.
- Ngimpi dahar laoek embe, bakal meunang redjeki (Soenda: ngimpi dahar laoek bagong).
- Ngimpi dahar laoek sape, laoek moending, laoek hajam, atawa letah, bakal meunang kahadean.
- Ngimpi kabojong koe moesoeh, bakal balik ka bali geusan ngadjadi.
- Ngimpi tepoeng djeung Nabi Isak, bakal sakti at.meunang daradjat.
- Ngimpi ka sawarga, bakal laksana sakabeh karep.
- Ngimpi kaloear ti sawarga, bakal roentag babandaan.
- Ngimpi ningal naraka, gede doesa koedoe tobat.
- Ngimpi kiamat, bakal djeneng naek pangkat at. Tinekanan sakarepna
- Ngimpi ningal bentang, bakal meunang bagdja.
- Ngimpi oenggah ka langit, bakal meunang daradjat gede.
- Ngimpi samagaha sarangenge at. Boelan radja bakal soesah lantaran nagara roeksak.
- Ngimpi boelan asoep ka imah, bakal oentoeng gede.
- Ngimpi ningali tjai datang, bakal moenggah hadji (Soenda: bakal amarah).
- Ngimpi teuleum dina tjai kiroeh, bakal tatapa.
- Ngimpi ningal waloengan tjaina herang, bakal nampa barang emas-inten.
- Ngimpi nginoem ti waloengan bakal diseuseul koe doenoengan, tapi laksana panedjana.
- Ngimpi teuleum dina tjai herang, bakal soegih.
- Ngimpi nginoem tjai herang, bakal tegoeh agamana.
- Ngimpi nginoem anoe kentel kentel, bakal boga emas perak.
- Ngimpi ngaloentjatan waloengan bakal pondok oemoer.
- Ngimpi paparahoean bakal soesah.
- Ngimpi toetoeroeboen ka talaga, tobat ka Allah.
- Ngimpi ningal sinar sarangenge, damar atawa haseup bakal gampang sagala karep.
- Ngimpi ningal seuneu ti kadjaoehan, bakal panjang oemoer.
- Ngimpi kapeutingan, kasasar lampah.
- Ngimpi djadi lintoeh, bakal loepoet tina baja.
- Ngimpi ningal goenoeng at seuneu ti kadjaoehan bakal diasih koe doenoengan.
- Ngimpi lintoeh bakal oentoeng.
- Ngimpi sambeang, bakal laksana panedja.
- Ngimpi ditjabak sirah, bakal tinekanan sapanedja.
- Ngimpi kaandjangan, bakal mimitran djeung saloehoereun.
- Ngimpi diragap awak, bakal gering parna atawa bakal kasemahan baraja.
- Ngimpi papanggih djeung awewe, bakal kawin.
- Ngimpi beungeut djadi bodas, bakal boga pamadjikan.
- Ngimpi diboera oraj, bakal meunang pipamadjikaneun bakal kawin.
- Ngimpi dipatjok oraj, bakal tjilaka koe moesoeh.
- Ngimpi papanggih djeung Malaikat, djeung Nabi Adam, djeung Widadari bakal djadi gegeden.
- Ngimpi hajang boeboeang bakal salamet.
- Ngimpi nandjak ka goenoeng, bakal naek pangkat.
- Ngimpi nimoe pakarang, bakal naek pangkat.
- Ngimpi mandi bakal gering.
- Ngimpi toempak koeda, bakal gering.
- Ngimpi boeboeang, bakal katjilakaan, leuleungiteun.
- Ngimpi newak manoek, bakal meunang bagja.
- Ngimpi imah kahoeroean, bakal meunang bahaja gede.
- Ngimpi kadatangan djelema rea, bakal kapapatenan.
- Ngimpi hiber, bakal oentoeng.
- Ngimpi katinggang kai, bakal tjilaka gede.139