This page has not been proofread.
- Ngimpi kiamat, bakal keuna pitenah atawa bakal ngalakonan gawe masiat.
- Ngimpi loemakoe ngaler, bakal meunang redjeki.
- Ngimpi ningal panonpoe at. Boelan, bakal beunghar. (Tjeuk oerang Soenda, bakal oentoeng meunang daradjat gede, bakal boga anak pinter).
- Ngimpi samagaha, bakal meunang pantjabaja.
- Ngimpi srangenge toemoeroen ka boemi, asoep ka imah, bakal meunang daradjat.
- Ngimpi ningal mega beureum at. Mega hideung, bakal aja pantjabaja (roepa-roepa kasoesahan) di desana.
- Ngimpi langit poek, bakal moal pertjaja kana agama.
- Ngimpi ka hoedjanan, bakal aja anoe mere redjeki.
- Ngimpi nendjo hoedjan, bakal djadi loerah.
- Ngimpi katebak angin, bakal roeksak desana.
- Ngimpi katebak angin laoet, bakal eleh perang.
- Ngimpi ningal hoedjan atawa hoedjan angin ti kadjaoehan, bakal bakti ka ratoe.
- Ngimpi hoedjan boeah, bakal meunang kaboengahan.
- Ngimpi mandi dina tjai herang, bakal djaoeh tina kaprihatinan.
- Ngimpi ningal waloengan keur gede tjai, bakal tapa (Tjeuk oerang Soenda mah, bakal manggih amarah, pipaseaeun)
- Ngimpi ningal waloengan ngoletrak tjaina, bakal kaandjangan oerang desa sedjen atawa bakal diloerahan koe oerang desa sedjen.
- Ngimpi teuleum di talaga, bakal djadi djelema kerdika (Tjeuk Soenda mah bakal tjilaka).
- Ngimpi teuleum di waloengan, bakal pinanggih bagja (Tjeuk Soenda bakal tjilaka).
- Ngimpi ngojaj, bakal moebah panggawena.
- Ngimpi ngaloentjatan waloengan, bakal pondok oemoer.
- Ngimpi tjai laoet amis, bakal meunang redjeki, oentoeng djalan tina roepa-roepa pantjabaja.
- Ngimpi nginoem soesoe, bakal meunang redjeki halal.
- Ngimpi boga hajam djago, bakal boga anak lalaki.
- Ngimpi loba hajam, bakal rea moerid anoe goegoeroe.
- Ngimpi ningal daging at. Meuntjit sato bakal meunang kahadean (Tjeuk Soenda: mah bakal kapapatenan).
- Ngimpi loebak liboek daging embe, bakal rea noe njoro redjeki (Soenda: bakal kapapatenan).
- Ngimpi ningal gadjah, bakal diasih koe ratoe. (Di Soenda mah koe maoeng lain koe gadjah).
- Ngimpi kadatangan gadjah, bakal katamoean koe menak (Di Soenda mah koe maoeng lain koe gadjah).
- Ngimpi aja gadjah asoep ka imah, bakal djeneng, naek pangkat.
- Ngimpi digegel sato galak, bakal diasih koe djelema.
- Ngimpi ningal pamegaran oraj matih, bakal diambek koe pamadjikan.
- Ngimpi ningal liang oraj, bakal panjang oemoer.
- Ngimpi kahoeroean, bakal tjilaka gede (Soenda bakal manggih napsoe).
- Ngimpi ngampihan seuneu, bakal tjoekoel pakaja.
- Ngimpi nenjo goenoeng, bakal meunang bedja.
- Ngimpi njaba ka goenoeng, bakal meunang noegraha.
- Ngimpi kaloear ti leuweung, bakal leungiteun.
- Ngimpi asoep ka masigit, bakal meunang bagdja.
- Ngimpi njieun imah, bakal laksana karepna atawa bakal boga pamadjikan.
- Ngimpi aja anoe mergasa, bakal pinanggih soesah.
- Ngimpi asoep ka naraka bakal gede dosa.
- Ngimpi ngedegdeg atawa hareudang, bakal kadatangan tjilaka, karoegian.
- Ngimpi aja angin gede, tatangkalan raroengkad, bakal paila atawa aja anoe ngaroeroeg.
- Ngimpi aja ditengah sagara, bakal meunang doeit.138