This page has not been proofread.
214. | Wasta Centil jompong kadeuheus kadua, |
baladeur beuki seuri, | |
warna léléwana, | |
ngabeberah dunungan, | |
sésébréd tarucing sindir, | |
jeung paparikan, | |
ngomong teu tinggal ti sandi. | |
215. | Karang Wangi mutuh matak betah manah, |
ngagalalontor cai, | |
émpang patamanan, | |
turut sisi dibalay, | |
ngagenyas cai beresih, | |
turut sisina, | |
petétan panarik resik. | |
216. | Saban peuting dina nuju caang bulan, |
réa istri sarumping, | |
ngaradon ngabungbang, | |
hariring pupujan, | |
blang nararepi ka énjing, | |
nu tararembang, | |
kinanti melas melis. |
PUPUH KINANTI
217. | Ting sarenat ting sarenut, |
hariring soara istri, | |
nembangna tampan-tinampan, | |
ungkara galuh dianggit, | |
wawacan pusaka kuna, | |
carita déwi Artatit. | |
218. | Ambetkasih ngilo laun, |
réncang ngiring ngahaliring, | |
mamaos ngaradu gentra, | |
tatangga mungpung sarumping, | |
miarsa tutur carita, | |
paselang suluk jeung silib. | |
219. | Réa sasakala timbul, |
pusaka ti nini aki, | |
kaguar milu kabuka, | |
katungtik katarik sindir, | |
Ambetkasih nu nyurahan, | |
sepuh anom suka galih. | |
220. | Antara sahiji waktu, |
nuju dina hiji wengi, | |
ti soréna raraméan, | |
jam tilu nembé ngarampih, | |
Ratna Déwi kulem tibra, | |
teu lami bet tuluy ngimpi. |
Aya sambunganana.
128