This page has not been proofread.
202. | Mun teu timu tangtu awak katempuhan, |
ulah rék ngeunah ati, | |
leungitna si ujang, | |
tangtu aya lantaran, | |
awak anu kudu telik, | |
hadé goréngna, | |
réh nu ngaheuyeuk nagari. | |
203. | Ki Asmunalarang reujeung patih pisan, |
mun ujang tacan kapanggih, | |
ulah wara mulang, | |
gunung jeung leuweung saksrak, | |
lebak jungkrang gawir, | |
los geura miang, | |
kucem raray Radén Patih. | |
204. | Raos-raos katereka culikana, |
duaan nyembah teu lami, | |
angkat ka paséban, | |
nata para ponggawa, | |
bupati mantri dipilih, | |
nu rék dicandak, | |
ngilari putra nu leungit. | |
205. | Sanggeus tutug diatur sapuratina, |
kabéh pada arindit, | |
ti nagara budal, | |
riab pasulibrengan, | |
sigeg anu nungtik lari, | |
ayeuna kocap, | |
pandita Sindangkasih. | |
206. | Kiai Gedéng Sindangkasih enggeus sepah, |
kuna bagawan wacis, | |
muruk ilmu buda, | |
yuswana enggeus ratusan, | |
hampir dua artus leuwih, | |
yuswa pandita, | |
ananging masih ringsig. | |
207. | Putra hiji pameget éstu digjaya, |
dén Wirata kakasih, | |
ayeuna keur tapa, | |
di gunung Ujung Kulon, | |
geus sepuh putraan deui, | |
istri sembada, | |
dén putri Ambetkasih. | |
208. | Gandes pantes luhur élmu kaistrian, |
geulisna leuwih-leuwih, | |
mila kacarita, | |
sakuliah pulo Jawa, | |
geulisna taya nu nanding, | |
salira omyang, | |
lir emas uré sinangling. | |
209. | Éstu putri putrana raja pandita, |
salira lenjang manis, | |
rambut andan-andan, | |
lambé manggis larengan, | |
jariji mucuking eurih, | |
cureuleuk soca, | |
damis kadu sapasi. | |
210. | Sugri jalma anu parantos uninga, |
istri pameget asih, | |
geus puguh sepuhna, | |
nénéh salamina, | |
lebah harita nyi putri, | |
kakara yuswa, | |
kalima welas leuwih. | |
211. | Geus tingali aksara buda jeung Sunda, |
pinter parigel nulis, | |
mamaos wawacan, | |
sugri carita paham, | |
mun mamaos ngahaliring, | |
manis gentrana, | |
nu nguping sungkan balik. | |
212. | Waktu éta bumina putri geus misah, |
ku rama geus dipaparin, | |
gedong kalangenan, | |
anggang ti bumi rama, | |
jauhna saepal leuwih, | |
babakan anyar, | |
katelah Karang Wangi. | |
213. | Tina réa rupa-rupa kekembangan, |
pinuh ku anu seungit, | |
dén putri geus lawas, | |
bumén-bumén di taman, | |
dua welas jompong ngiring, | |
ka kasih dua, | |
pun Gandes nu kahiji, |
127