Page:Poesaka Soenda 1923-01-1(07).pdf/7

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Kota tjirebon teh dingaranan Sang Esa, katorama (dalem ageng) ngaranna Sang Sirroellah, ari Masdjid Agoeng diseboetna Sang Tjipta Rasa.

. . . . . . . .

Katjarioskeun para Wali anoe dalapan parantos kempel di kawah G. Tjiremai. Di dinja She Lemah Abang ngadadar deui agemanana, tjara basa di Demak tea. Dina kempelan harita baris ngadjenengkeun Panghoeloe Wali.

. . . . . . . .

Pamoendoet Soenan Giri soepaja ngadjenengkeun Panghoeloe Olia, anoe baris djadi kapalana para wali, harita koe sadajana karempagan, moeng dawoehan Soenan Kalidjaga, perloe kedah ngantos heula rawoehna Soenan Djati, margi nja Soenan Djati anoe barias didjoengdjoeng loenggoeh djadi loeloerah para wali, tina njata langkoeng kaloehoenganana. Nja sarawoehna Soenan Djati Ladjeng ditetepkeun djadi wadanana para wali sanoesa Djawa:

. . . . . . . .

Kangdjeng Soeltan Demak nadjan harita parantos ngalangkah kana kalang kawalian, tapi ngaraos teu atjan tatas kana bablas pisan, masih aja koetjiwana manah, koe margi eta kantos wirid deui moendoet piwoeroek ka Soenan Goenoeng Djati. Panarima manah andjeunna ka Goeroe, lian ti ngadegkeun kota (dajeuh) teh, nja ladjeng mangdamelkeun karaton deui di Tjirebon, sarta basna Raden Sepet keneh anoe ti Madjapait tea.

Malah tina bangeting roemaketna galih ka Goeroe, nepika poetrana noe istri noe djenengan Ratoe Njawa disanggakeun ka Kangdjeng Sinoehoen.

Koe Kangdjeng Sinoehoen eta Poetriladjeng bae didamel mantoe, ditikahkeun ka poetrana anoe djenengan Pangeran Agoeng Anom.

Teu kantos lami antawisna Pangeran Agoeng Anom tatoe kasamboet koe badjag di laoetan tepi ka poepoes di dinja, sarta lajonna di tjandak ka Moendoe. Atoeh barang garwana oeninga jen raka poepoes koe badjo, geus teu kira-kira bae prihatosna, nangis djoemerit midangdam sasambat latlatan teu emoet, moendoet toeloeng bari soedjoed ka mertoea. Kangdjeng Sinoehoen sanget welas ningali mantoe sakitoe kanjenjerianana enggal ngadawoeh : “Meunggeus Eulis oelah nangis, da kapan tjaroge Eulis oge teu koewa-kieu”! Nembe toetoep sasaoeranana kitoe, majit teh kersaning Kang Maha Soetji ngoelisik ladjeng tanghi damang teu sakara-kara. Moendoe teh koe Pangeran Sedang Laoetan ditelahkeun Padaleman. Saparantos Pangeran Agoeng Anom poepoes, tilas garwana, nja eta Ratoe Njawa tea, di tikah koe Pangeran Pasarean. (I)

. . . . . . . .

(I) Dina karangan Patilasan Banten parantos kaoengel djenengan Pangeran Pasarean teh, tapi sanes Pangeran Pasarean ieu, margi aja doea Pangeran Pasarean, hidji poetra doea poetoe Kangdjeng Sinoehoen, Pangeran Pasarean Banten poetra Sabakingking, noemawi disebat kitoe aja margina, nja eta nalika andjeunna dibobotkeun salapan sasih, iboena teu damang wales nepi ka adjalna poepoes. Koe margi moerangkalih anoe keur dibobotkeun tea harita katingali oesik keneh, nja bade dibelek majit iboena teh, bade dikaloearkeun heula moerangkalihna, nanging koe para Wali teu kawidian. Nja barang lajon iboena parantos dikoerebkeun, kersana Noe Maha Soetji, baji medal di PASAREAN.

S.d.R.

Pangeran Makdoem tadina parantos digadang-gadang baris didamel wali noe kasapoeloeh, namoeng teu tjios kieu lantaranana: Oenggal netepan Djoemaah di Masdjid Agoeng para wali bagilir ngimaman. Kaleresan dina hidji mangsa nalika Soenan Kali kagiliran djadi Imam. Pangeran Makdoem ebat netepanana ladjeng sabadana sadaja boebar netepan, andjeuna mah netepan deui. Koe sadaja Wali dipariksa, naon margina noe mawi netepanana teu tjios amoem tjara noe sanes. Koe Pangeran Makdoem diterangkeun jen Soenan Kali keurna ngimaman katingali ORAT, sareng andjeunna ngalepatkeun ka Soenan Kali wireh parantos ngabatalkeun kana netepanana. Harita koe Kangdjeng Sinoehoen dipoetoes, jen sanes kalepatan noe lian, ebatna netepan teh, tapi lepatna noe ebat, margi naha aja diseboet netepan masih keneh midoea tingal, da dina netepan mah tingal koedoe ngahi-