Page:Poesaka Soenda 1923-01-1(07).pdf/6

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

ngangseg madjoe nengah nja Soenan Koedoes. Lian ti koe balad anoe poegoeh boengkeuleukanana aja deui anoe matak ngadjadikeun kasoesahan banget ka oerang Madjapait teh nja eta koe ngagaksakna sasalad djeung hama, lantaran moesoeh metakeun djadjaten koe kasaktian, nja eta Soenan Djati ngoetoes beurit laksa keti ngarandjah pakaja djalma, ngabasmi tatali hoerip noe djadi pangoepa djiwa, nepi ka Madjapait patjeklik tigerat kakoerangan teda; ari beuritna teu beunang koe akal tarekah, paeh hidji datang lima, ana siala tambah meuweuh ngagalaksak. Ari Soenan Giri matek doehoeng anggoanana, breng adeng engang djeung tiwoean napoek njareureudan moesoeh. Dami Soenan Koedoes moeka Pati Poesaka Palembang, sarta barang braj peti diboeka, rep bae angkeup, goegoer di langit pating geleger, gelap pating boerinjaj pating djalaleger, sarta ngadak-ngadak peteng dedet poek mongkleng boeta rata.

Atoeh balad Madjapait tina dihaben dipoeoek koe moesoeh koe karoedet kasoesah kanjeri baganti-ganti, nja toengtoengna kawalahan, miris risi mangsar-mingsir, antoekna mah moendoer malalaboer boebar katawoeran maroeboes ka Goenoeng Lawoe babakoena. Demi senapati Madjapait nja eta Pangeran Teroeng tea, sareng tangantanganna Pangeran Poetra ti Madjalengka, Ti Panaraga, sareng ti Madjallangoe, sanggeusna ngaraos teter, nja kapaksa pada medal sila ngantoeni pakalangan.

Anoe katjarioskeun moelih ka Madjapait mah moeng Dipati Teroeng woengkoel, ari anoe sanes mah doeka ka mana moeboesna.

Kakotjapkeun Wali anoe tiloe anoe pada djadi loeloegoe kapala balatantara islam tea,loemebet ka djero kota, reh pongawa Madjapait geus pada serah bongkokan. Tapi barang arandjeuna rek lalebet ka djero poeri Maha Radja, Kangdjeng Ratoe Madjapait enggal njandak Tjoepoe manik astagina, djimat kaboedaan, dioleskeun kana baloebang laki, tjeb ditanggerkeun di aloen-aloen, sarta sapada harita dadak sakala les moesna ngahijang, eusi poera geus teu aja, karaton soewoeng geus kosong.

Dina palebah dieu dina basa Djawana aja omongan anoe kieu oenina: Sagoeng pongawa Madjapait waktoe sakala ikoe tan ana kang doewe enges sawidji, di dinja aja TJANDRA SANGKALA anoe njelap, nja eta, TAN-ANA-KANG DOEWE ENGESSAWIDJI teh sasangkalan tina taoen 1400. Prabajaksa karaton Madjapait ladjeng dirakrak sarta bahanna ditjandak ka Demak di dinja diadegkeun deui dianggo emper masdjid agoeng Demak.

Satoetasna karaton Madjapait roeboeh, para Wali maroelih ka Demak, ladjeng Rangga Bintara didjoengdjoeng loenggoeh didjenengkeun djadi Radja, marentah sakoeliah tanah Djawa, djoedjoeloekna Soeltan Demak. Katjarioskeun Dipati Teroeng, Senapati Madjapait tea, saderek Kangdjeng Soeltan, awitna mah weleh bae teu kersa taloek, tina inggis dibales kaniaja, pedah geus nelasan Soenan Ngoendoeng dina pangperangan tea. Tapi sanggeus nampi tetesan ti Soenan Koedoes, jen andjeunna geus teu aja gantar kakaitanana, nembe kersa masrahkeun salira ka rakana. Koe Kangdjeng Soeltan Demak, Dipati Teroeng didamel papatih, namoeng teu kersaeun, kahojongna kana mandita njirnakeun salira.

. . . . . . . .

Kangdjeng Soeltan Demak nimbalan ngadegkeun karaton, anoe djadi basna djenenganana Raden Sepet ti Madjapait, nja kitoe deui sadaja patoekanganana oerang Madjapait keneh.

. . . . . . . .

Wawangoenan-wawangoenan anoe di Goenoeng Semboeng eta mah sanes kenging Raden Sepet, tapi beunang hidji bas oerang Karawang, ngaranna Kai Goesa, malah oeroet batoerna mah opatan djoeroe laden Ki Goesa tea, tina kamanahna koe Kangdjeng Sinoehoen, toeloej matoeh bae djadi djoeroe toegoer Pasiraman di G. Semboeng, oeloen koemawoela ka Kangdjeng Sinoehoen.

Kangdjeng Sinoehoen linggihna di G. Semboeng sareng garwana anoe ti nagara Tjina tea. Tapi sanggeus poetri Tjina poepoes, ladjeng ngalih ka pakoengwati di kota Tjirebon sakalereun waloengan (kali) Karian.