Page:Poesaka Soenda 1923-01-1(07).pdf/3

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Babad Tjirebon.
(Samboengan P. S. No. 4).


Kajabi ti Saba Kingkin aya deui putra Sunan Jati ti putri Kawung Nganten téh, istri hiji, jenenganana Ratu Winahon.

Teu sakumaha lamina ti harita, nya ngawitan aya musuh anu pikarémpaneun pisan, nya éta bangsa kulit putih téa.

Sumawonten Patih Keling téa mah teu kira-kira baé hariwangeunana ngadangu aya musuh anu jolna ti tatar kulon téh, lantaran dina émutanana geus moal boa deui, tangtu anu nyusul anjeunna ti nagarana. Ku margi éta taki-taki tohaga pisan, sayaga gagaman perang geusan ngayonan musuh anu baris ngajorag téa. Anjeunna paheuyeuk-heuyeuk sareng Pangéran Cirebon, sarta sabilulungan bari nyangga satru nu bakal ngarurug. Malah Dipati Cangkuang ogé henteu pisan cicingeun, anjeunna ngiring caringcing, émut kagungan pusaka panulak bahla anu kudu dipetakeunana di mana datang siku diwulu-wulu galagah kancana. Ku margi ku anjeunna kamanah yén harita geus nincak kana mangsana ngagunakeun pusaka téa, lajeng baé dipetakeun, pusaka dibuka di sakiduleun hiji gunung, nya jadi kawah, mulek ngaluarkeun haseup racun, minangka pangjaga kota, panundung musuh anu ngarurug.

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

Kacarioseun putrana Maolana Hud Ratu di Tanah Arab, sadérék misan Sunan G. Jati, kénging bebendon ti ramana, dugi ka ditundung teu kénging aya di nagara, lantaran resep kana kirik, ngalanggar panyegah rama. Nya anjeunna lunta ti nagara angkat ka Jawa, nyandak balad tilu kapal, katut jeung dunya barana. Ngantunna Nagara disarengan ku sadérékna anu istri jenenganana Siti Bagdad, sareng wargi-wargina anu lalandes anu béla tumutur ka anjeunna, saperti Pangéran Pelalungan, Wilangan (?) Séh Dato Kahpi. Sumpingna ka dieu lajeng bumén-bumén di Sembung, di Jati, di Junti, di Japura. Dupi jenenganana éta putra raja Bagdad téh, Maolana Abdurahman, ari ku urang dieu mah ditelahkeunana téh Pangéran Dipangayun.

Sunan Jati sareng Raja Lahut ngaraos jadi pribumi, uninga aya tamu téh énggal mapag, ngahormat nu nembé sumping, diangkir dihaturanan linggih ka bumina. Sasumpingna ka bumi lajeng lalinggih gunem catur sawala adu carita.

Tatamu mariksa ka pribumi, naon anu jadi pakarepan, naon anu jadi andelan, pang Sunan Jati wantun lunta ti tanah Arab, sareng naon anu jadi pasejaan pang mendakan ka anjeunna, malah mariksakeun naon cacandakan Maolana Jati anu mawi kaduga sumping ka Jawa.

Ku Sunan G. Jati dicarioskeun yén anjeunna mah angkatna ti Arab mung ukur mekel sahadat anu kalimahna dua, teu pisan rébo ku barang riba.

Pangéran Panjunan (tamu téa) ngahuleng ngadangu dawuhan Maolana Jati nyundul pihatur, nembé anjeunna sasauran deui. Saurna, “Keur naon gunana mamawa sahadat, jeung naha anon perluna maké kudu sahadat deui, da geus baroga jeung geus bararisa kitu-kitu baé mah, asa tanpa guna milampah anu biasa, jeung deui rasa kakang mah montong teuing salat puasa, matak baé engkv kasaliru.”

Ku Maolana Jati tatamu téh dianteur baé heula sakersana, henteu ditaragal dihalang-halang sumawonna dicempad mah teu pisan-pisan. Mung lami-lami lajeng dipariksa dilelekan, dawuhanana, “Naon atuh anu kudu jadi poko patékadan hirup urang téh? Sareng upami ku raka kamanah yén rai kaliru tuna pangabisa, éta taya lian ngan lantaran rai bodo kénéh, mangga atuh rai wurukan sing tepi ka pinterna.”

Tamu haget ngawulang ka Maolana Jati, élmu patékadan kéngingna guru ti hiji séh di Bagdad anu jenenganana Séh Junédi, sarta saurna ka Maolana Jati, “Ku kakang mah élmu téh dicekel deleg baé, henteu arék ngaropéla réa peta deui, da geus tetes kana élmu sajatining tohid, iya Allah ya Muhamad, ya Moeha-

98