Page:Poesaka Soenda 1923-01-1(07).pdf/15

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
175. Genter pater déwa djeung para djin,
njaksian lalakon salin wawangén,
gentos maneuh nelah Siliwangi,
gandék doea bekti,
bari toengkoel soedjoed.
176. Sanggeus kitoe nja loemampah deui,
ka basisir andjog,
doemadakan manggih kapal gedé,
momot kai djeung ngoendjal tarasi,
Papag ratang gantjang,
soedagar diboeroe.
177. Prok patepoeng soedagar ngalahir,
mamang aja naon,
mawa boedak hideung hoerik goréng,
Papagratang ngadjawab gasik,
ih dagangan koering,
malakmandar pajoe.
178. Regana mah koemaha noe meuli,
soedagar ngawalon,
soegan ieu boedak toetoeg goréng,
Siliwangi matoer bari nangis,
mangga abdi peuntjit,
lamoen goréng lakoe.
179. Ki soedagar pok ngalahir deui,
koela geus potol,
taja doeit bekel gé geus séép,
lamoen mamang kersa koe tarasi,
lima welas kati,
koe koela ditempoer.
180. Pédah boedak singkah koelit hoerik,
hérang kawas gaok,
mahiwal ti djalma noe sédjén,
Papagratang Tandesan ngalahir,
rampés kadjeun teuing,
tarasi gé boetoeh,
181. Tjeuk soedagar ngaranna si hoerik,
saha anoe tangtos,
tjeuk Tandesan ngaranna mah hadé,
boedak timoe ngaran Siliwangi,
tarasi ditampi,
Siliwangi katoer.
182. Saprantos djadi djoeal beuli,
doeaan haroong,
pada mangkat lakoe déwék-déwék,
Papagratang Tandesan ngarerik,
Welas Siliwangi,
sadjalan ngagoekgoek.
183. Salintembang midjil geus lastari,
doerma di kadaton,
éar goejoer sanagara géhgér,
gara-gara tjampoeh hoedjan angin,
nagri goendjang gandjing,
goegoer ting djelegoer.


D O E R M A.


184. Goejoer géhgér di Pakoean Padjadjaran,
radja Soenoe kakasih,
poetra lirna djimat,
noe geus digadang-gadang,
noe baris mangkoe nagari,
ajeuna teu aja,
bedoeg goong dititir.
185. Sang paraboe Anggalarang langkoeng wera,
Patih djaksa diperih,
koedoe njoesoel poetra,
kaliwon goelang-goelang,
djanagara raksa boemi,
tjoetak djeung tjamat,
boedal saeusi nagari.
186. Soerat boengbeng ka para Bopati bawahan,
ti bopati ka patih,
ka patinggi désa,
bedoeg dogdog ambrengan,
di nagri di tepis wiring,
géhgér néangan,
nagara goendjang gandjing.
187. Radja Poetra Asmoenalarang tangginas,
ngagiring mantri-mantri,
njaksrak-njaksrak alas,
lebak djoengkrang di papaj,
patih bopati ngariring,
koewoe wadana,
ratoesan patinggi siring.
110