Page:Poesaka Soenda 1923-01-1(07).pdf/14

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.
7. Aja sotéh malar poedji,
aja sotéh tina tjékap,
bakating soemoedjoed baé,
noeroet galoer karoehoen,
ngambangkeun papagon ti Nabi,
Nabi noe sabar téa,
mangga kaoelanoen,
njanggakeun barang loemajan,
moeng sakitoe séép pihatoer sim koering,
kantoen mangga doäan.


Kintoenan

W. A.

Tjitjadas 7 Dec. ’22.


Wawatjan Siliwangi


Samboengan Poesaka Soenda No. 6.

164. Ki Tandesan ngadontjaan tarik,
batoerna ngagero,
beuheung Papagratang noe keuna téh,
Tandesan ngagikgik, ngeunah seuri,
bari ngoedar tali,
bangkawarah ngaringkoes.
165. Pamoenah rasa ngorédjat tanghi,
ieu aja naon?
Pandakawan brek soedjoed ka Radén,
njembah oendjoekan barina tjeurik,
Adoeh alah Goesri,
abdi sadja ampoen.
166. Éstoe Goesti terahing narpati,
pantes mangkoe kraton,
Padjadjaran tangtos kaéréh,
moal aja sasamana deui,
noe sabar noe adil,
gamparan saéstoe.
167. Aloek mangga goesti oerang moelih,
raka tong diwaro,
réhna raka langkoeng dengki haté,
mila abdi njoesoel ti pandeuri,
karsa raka Goesti,
gamparan diboenoeh.
168. Kalampahan eunggeus doe kali,
abdi niat sérong,
ngan malik keuna ka abdi baé,
mangga Goeti oerang moelih,
réhna raka Goesti,
boedina karoengkoep.
169. Radén Anom ngalahir djeung manis,
koela eunggeus njaho,
lampah manéh ti barang gok ogé,
méméh ngomong koela geus ngarti,
koela moal balik,
bisi raka bendoe.
170. Lamoen napsoe dilawanan sengit,
tangtoe djadi petjoh,
baloekarna réa djalma paéh,
éra koe sasama nagri,
mashoer goréng teuing,
paséa djeung doeloer.
171. Mila koela tatjan niat balik,
karo-karo gélo,
sakoemaha karsa kakang baé,
Papagratang njembah deui,
karsa raka Goesti,
djoeal ka parahoe.
172. Lahir radén koela pasrah diri,
hajoe baé ngoelon,
ka basisir laoet anoe ramé,
ki Tandesan hatoer pangabakti,
keur panginten abdi,
aja moeal pajoe.
173. Réh hing éta kakasihing Goesti,
nadjan siga gaok,
éta mah djenengan radja gedé,
noe rék meuli tangtoe moal wani,
koe ngaran téh adjrih,
réh ageman ratoe.
174. Radén poera koe réntjang ngalahir,
soantenna alon,
leres sapihatoer Tandesan téh,
ajeuna wawangi kasilih,
landi Siliwangi,
radja soenoe laroet.
109