Page:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/11

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

roek Sajid Kamil, anoet kana agama Rasoel. Karèmpan kaseunggah patih Keling inggis di ahir balakang kalih pinanggih bantjang pakèwoeh, aja anoe njoesoel ti Keling, koe Sajid Kamil ditanggel disambadaan, jèn andjeunna anoe bakal pingajonaneun.

Pasaran ènggal diroetjat digarotong dibantoen ka darat, angkat ngariring ka Sajid Kamil.

Sasoempingna ka Goenoeng Djati, tilas pasaran teh nja ditjipta (didamel) „langgar patani” anoe ajana di Goenoeng Semboeng.

Sajid Kamil soempingna ka Tjirebon tèh mendak lajan, rèh gok tepang sareng sadèrèk iboena, anoe djenengan Hadji Abdoellah Doeliman tèa. Atoeh sakalintang baè gerah manahna, rèh ajeuna kaleresan iasa sakoemboeh, rioeng moengpoeloeng sareng wargi-wargi, nja èta Nji Dalem Pakoengwati, Pangèran Tjirebon girang, sareng Koewoe Tjirebon, anoe sadajana pada sabiloeloengan, sapatèkadan henteu todjaiah niat. Atoeh arandjeunna tèh woewoeh-woewoeh djodjoh sareng toemaninah tiasa sakoelah-sakolih, enggoning ngaladjengkeun hantjana ngaliarkeun agamana.

Doepi oepeti tarasi anoe geus biasa ti kapoengkoer-poengkoerna oenggal taoen dikintoenkeun ka Padjadjaran tèa, ti wangkid harita mah pet baè teu aja njaosan deui.

Atoeh Sang Ratoe Padjadjaran sanget hèmeng, tina tara-tara ti sasari, mariksa naon gara-garana. Anoe mawi ladjeng baè ngoetoes kapetengan katoet ponggawa sagagamanna, baris naloengtik anoe djadi margi, mariksa naon anoe djadi lantaran.

Broel para oetoesan miang ti Padjadjaran; barang djol darongkap ka poentjak Goenoeng Koromong, sadajana ngembang kadoe tina sanget kagèt, ningal koewoeng-koewoeng anoe ngempoer sinarna terang, goemawang di awang-awang, tjahjana noendjang kana poentjak Goenoeng Semboeng.

Haroong sadaja bengong ngawas-ngawas anoe djadi tangara, pada njangka kila-kila. Ana dihaben didareukeutan, kasawang ti Goenoeng Patahoenan, horèng njata sinarna manoesa binatara.

Tapi barang G. Semboeng didjadjal rèk diaroenggahan, dadak sakala pada laleuleus, laloempoeh, nahnaj taja tangan pangawasa. Toengtoengna oetoesan anoe boga niat nempoeh tèh pada serah bongkokan, biloek ka moesoeh, toemoet anoet kana woeroek Sajid Kamil.

Lawas ti lawas oetoesan anoe geus pada mandjing Islam tèh, pada moelang ka Padjadjaran baris narik Sang Ratoe, soepaja toemoet kana anoet Islam.

Sang Praboe Padjadjaran parantos tjondong manahna kana badè kagèmbang, malah lami-lami mah gilig galihna kana gentos agama, sareng nangtoskeun badè djengkar koe andjeun ka Goenoeng Semboeng, baris lebet kana Islam.

Namoeng barang badè djoeng djengkar, doemadak kasoempingan „Poerwakalih”, anoe toemoeroen ti langit, njeukseukan ka Sang Paraboe, sanget panjegahna kana ingkar tina agama asal. Kieu oengel pangandikana panjegah: Masing tètèla lantaranana, naon anoe djadi marga, pang radja robah manah, pondok heureut tjoepet boedi. Naha lali kana tjoepoe manik (asta gina) poesaka toeroenan ti Kagaloehan, anoe eusina minjak kahoeripan. Mana ajeuna tjoepoena, nja ajeuna tepi ka mangsa, Iamoen henteu digoenakeun ajeuna, iraha arèk dipakèna?

Ènggalna koe Sang Radja, tjoepoe manik ditjandak, harita kènèh dioelaskeun minjakna kana baloekang, ladjeng ditenggerkeun di tengah aloen-aloen. Moestadjab, sakedèt nètra saeusi kadaton moesna sirna sadaja pada ngahijang.

Ari koela-wargina anoe rèa katoet djalma eusi nagara, pada boebar katawoeran, sawarèh asoep Islam, sawarèh pageuh koekoeh njekel agama toetoeroenan karoehoenna.

........................................

Katjaritakeun sakoebrana Padjadjaran Hadji Doeliman, njanggakeun pirempag ka Sajid Kamil soepaja andjeunna ngadeg narpati, nampi warisan ti iboe, djadi radja ngerèh ti Oedjoeng koelon tèpi ka Tjipamali.

59