Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/8

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

5

ku sabab enggeus ragragan, geus ngajadi bumi langit, rawuh jeung eusina deui,
kabéh nu jadi téh enur, bumi alam jeung eusina, sumawona beurang
peuting sadayana nur muhmammad nu gumelar // nu matak keur waktu ujang, tinggal
dina dawuh mishi, di mana baé ninggangna, éta tangtu jadi milik,
teu meunang dipilih deui, di mana ninggangna dawuh, éta teu meunang dirobah,
hadé goréng anggeus milik, ti dinya mah asup deui tunggang napas //
geus di jero deui lenggah, nyaéta dina cimani, di dinya ibu katara, adat
teu kawas sasari, jeung rupana piyas leuwih, éta keur di dinya agus,
cimani eukeur mirupa, rupana bodas beresih, jeung katambah ibu téh,
leuleus teu nangan // sababna matak teu nangan, tambah rupana cimani,
tambah konéng alus pisan, geus kaciri dina budi, adat goréng
liwat saking, ka ama gawéna napsu, sabab powé ngan amarah,
éta tangtu tambah deui, cimani téh katabah deui rupana // jeung ibu
loba kahayang, naon anu katingali, sok hayang baé Ngada (?)