Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/7

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

4

aya nu geus kolot pisan // éta agus waktu tadi, basa eukeur né
tés téya, dawuh lima keuna kabéh, aya nétés eukeur biyar, pecat sa
wed ogé aya, tengah powé dawuh duhur, asar maghrib sok nétés
// nu matak éta teu sami, umur jalma teu saruwa, ku manéh masing kahar
tos, kumaha éta tadina, waktuna keur patépangan, keur amperok na (masing)
dina suwung, kabir jeung sagir ngadegna // carita ditunda deui, panjang
teuing dongéng ama, nuluykeun nu tadi baé, basa ujang gelar téya,
cimani turun ti ama, dina beuteung ibu kumpul, ti ibu gé katambahan //
ti dinya ibu kaciri, geus ngandeg hanteu palangan, éta tangtu jadi baé
ti dinya téh terus nyiram, lilana perkara nyiram, opat puluh powé
tangtu, ku nu anpm sing kamanah ///// pupuh sinom /////
éta ibu sok teu nangan, caha(ya)na alum leuwih, nu matak leungit cahaya
(gatsih) cimani turun deui, linggih ka antara deui, ngadamel keur waktu
agus, mimilikan nya ti dinya, jeung ditingalikeun deui, kana cahaya,
( _ _ _ _ ) nur muhammad // tatapina nur muhammad, ujang éta nu ngabuk(ti)