Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/6

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

3

nétésna éta nya kitu, éta mah bagiyan beurang// reujeung éta
aya deui, ujang nu teu boga anak, boh lalaki boh awé2, nu teu pi-
san boga anak, éta téh salah nétésna, anu dingaran gabug,
pahili éta nétésna, ujang dina alam kabir, sabab ayaan piwuwa, aya paran
nip wagah, reujeung anip manis téya, ujang éta sing kamanah, reujeung aya tilu
puluh, tigang puluh paké tanggal// ari keur bagiyan peuting, bulan anu
jejeg téya, nyaéta alip jeung wagah, ari bulan anu kurang, alip manis
anu boga, tah ti dinya anu gabug, nyalahan éta nétésna//
jalmana gé sok kaciri, ramé ka kami sitir tapi lanang, ramo kaka lanang tapi
wadon, ku sabab éta tadina, aya tilu puluh tanggal, tah ujang asal ta
kitu, éta nu teu boga anak, reujeung anu embar deui, éta ujang sok aya,
duwa kali nétésna téh, tah ujang kitu asalna, ku ujang masing ka
manah, agus marat tungkul ngeluk, ngémutkeun piwejang rama//umum
na nya kitu deui, jalma téh hanteu saruwa, aya anu paéh oro, aya
nu keur bisa bisa leumpang, aya nu keur begér pisan, aia nu keur tengah tuwuh,