Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/5

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

2

nu amprok dina antara/ ti dinya téh terus turun/ kana urat beuheung ama/
ngan sakilat turun deui/ jalana gé pacantélan/ kana ati jajantung
téh/ kana sula kana bayah/ terus kana peujit ama/ dina dasar peujit campur/
éta di mamaras ama// ti dinya mah tangtu jadi/ sabab jeung nu pada melak/
mowal jadi deui bolon/ ku sabab jeung nu melakna/ jeung nu tepung di antara/
geus kitu meta kang ibu/ badé nurunkeun andika// ti dinya téh nyandak
deui/ cai mani keur imahna/ keur baris badan manéh téh/ kumpul dina
cangkéng ama/ tatapi éta nyabeulah/ sok aya dua hamperu/ aya kénca
katuhuna// lamun arék jadi istri/ kana hamperu nu kénca/ kumpul
na cai mani téh/ upama rék jadi lanang/ ka nu katuhu kumpulna/
nurutkeun waktuna tepung/ keur nétés dina antara//
sabab dina alam kabir/ aya peuting reujeung beurang/ mana anu heula
baé/ nétésna peuting jeung beurang/ sabab ama duwa rupa/
ku ama deui nya kitu/ ma'rifat téh aya duwa// lamun rék jadi
istri/ peuting heula nu nétésna/ semu gé nya kitu ké ...
... / kumpul kana panon kénca/ ka nu katuhu ...