Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/20

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

17

di mana waqtu patepang, kuring ku hayang uninga, maqsud pisan hayang tepung, ngomongna
éta kumaha // sawang ngawalonan deui, dina ati waqtu tepang, kiyeu kuring ngomongna
téh, bumi téh diangken sanak, teges diangken sabakal, ngan bédana dina wujud,
kuring jeung sagir saasal // jeung sadaya nu kumelip, nu aya di bumi alam, éta
gé saruwa kénéh, ngan béda 2 sipatna, éta gé diangken sanak, tah itiqad
kuring kitu, jalma mah diangken bangsa // ari iyeu bumi langit, sarawuh beurang peutingna,
jeung nu kuring hanteu géséh, nyawana gé pada duwa, ngan kacék buni jeung nemrak, ari nu
kuring mah nyumput, teu témbong éta kaluwar // ari rupana mah sami, teu béda konéng
bodasna, gaibna nya kitu kénéh, sarupa pada kawasa, pada tara kanyahowan, sarupa
bijilna kitu, hanteu aya anu terang, ngan itu mah alam kabir, nyaangan ka sabuwana, nu
kuring nya kitu kénéh, nyaangan sajagat badan, mun teu caang meureun buta, tatapina
ana tepung, nepangan dina antara // kitu patéqadan kuring, lamun rempang jeung anjeuna,
(k)u sabab sarupa baé, nu caang jeung anu caang, tatapi éta di dinya, geus tangtu aya nu
nyumput, di dinya mah kuma dinya // jeung caang teu bisa jadi, mun teu aya kolowongan,
teu hurip éta caang téh, bisa sotéh jadi caang, ennya éta ku suwungna, caang
dijiyeun ku suwung, suwung dijiyeun ku caang, upamana sato cai, lamun teu
aya caina, tangtu lauk carem kabéh, ku sabab taya nu murba, ennya éta