Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/19

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

16

béja ti batur, anu enggeus jadi haji, sok aya anu nyar(i)ta, di jero masjid agung,
ari diseungeutan damar, matak surem caangna jadi kaandip, éta agus sing kamanah,
ulah pisan kapalang nya ngaji, seug téyangan anu sajatina téya, masign kapanggih éta
téh, najan nu paéh di ditu, lamun hanteu bisa milih, ti mekah pindah ka urang,
ti urang ka ditu, najan urang mekah pisan, tantu nyingkah ka diyeu pindah ka si2, (la)
mun samar néyangannana //// pupuh asmaran /// piwulang ditunda deui, kabujeng
ku aya sémah, sumping pandita nu kahot, jenenengan waruga 'alam, lembur
na di 'alam jagat, éta pandita kamashur, milih kana patéqadan // kaanginkeu(n)
ka atas angin geus sumping, lajeng baé sasalaman, eujeung pandita sawang téh, geus
kitu pandita sawang, ngormatna kacida pisan, gerwana pahibut nyuguh, ngorma(t)
ka waruga 'alam // barang tuwang sangu kopi, tatamu jeung pamajikan, pandita sawang
tumaros, ka pandita waruga 'alam, ajengan mulih ti mana, waruga 'alam ngawangsul,
simkuring téh seja pisan // ngadeuheusan ka kiyai, aya anu dimupakat, simkuri(ng)
seja tumaros, tapi ulah bendu manah, bisi kuring salah téqad, rék naros
keun jero kubur, nu nyiksa téh éta saha // pandita sawang ngalahir, kiyeu (ku)
ring paptéqadan, teu hayang kapanggih baé, di jero kubur disiksa, panu
hun téh hayang ulah, da kuring mah enggeus wawuh, jeung bumi jeung malaikat //
waruga 'alam ngalahir, na kumaha pang wawuhna, nyobat jeung bumi langit téh,