Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/17

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

14

geus jadi rupa satunggal, éta ujang rupana téh masing sidik, ulah tinggal
rupa anyar// ti dinya mah ngabarabay bijil, jeung ngawahan ka kurnganana, rupa manéh
éta séjén, kabungkus ku nu alus, kawas pisan cengkir gading, bener ceuk
carita layang, gu gandasari disebut, bangkong ngaheumheum liyangna, baribasa sa
rangka asup ka keris, éta téh kitu petana, disebutna kubur nu sajati/ ka
namas ujang enya éta, ku ama anu kahartos, ti dinya terus kakubur, kana ku
bur alam kabir, nya éstu tanah jagat, saenggeusna asup, di dinya éta diruwag
nu ngaruwag enya éta bumi suci, anu ngawadahan urang// éta kiyeu ujang sing kaharti,
ngaruwagna di pakuburan, jalana téh hanteu géséh, kumaha waktu kapungkur, kana ja_
rék ngajadi, terus alam2na, hanteu salah ngurus, supaya jadi tibalikna, ngurusna
téh tina alam insan qamil, tepi ka alam ahadiyah// seug diruwag alam _
insan qamil, ngaruwagna éta kiyeu ujang, hanteu sina busrat basrét, bada_
hanteu jadi lebur, ngan supaya jadi leutik, reujeung jadi pondok pisan, leungit _
tuur, tah ujang leungit saalam, éta kitu ku ujang masing kaharti, insan qamil
geus teu aya // ti dinya mah ngalih alam deui, alam insan kiyeu diruwagna kurungna
téh beuki pondok sarta beui lembut, ampir kawas orok deui, ti dinya ma(h)
ngalih alam, kana alam ajsam terus, di dinya mah ampir béyak, beuki pon(dok)