Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/15

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

12


ama ka agus wewekas, bisi manéh jadi amil, kudu asak pariksaan ka istri nu taya
wali, upama anu rék kawin, bisi matak bahla agus, bilih aya nu keresa, ngadamelna éta
masih, ulah pisan miheulaan nu keresa // pariksa nu sabenerna, bisina teu acan
ngimpi, lamun acan ngimpi jima, tangtu didamelna masih, ulah heula wani wali,
nu nikahkeun gé nya kitu, ulah waka ngalafadhan, éta jadina pamali, miheulaan kana
lafadh nu keresa// ari nu aya bapana, éta mah hanteu pamali, sabab tunggal ngada
melna, nu keresa hanteu jadi, mun teu jeung bapana bukti, indungna deui nya kitu,
mun tangtu nu kawasa, tangtu mo bisa jadi, ku bapana hadé sabab pada tunggal//
// pupuh dangdanggula/// sang pandita ka putra ngalahir, kitu ujang mimiti
na, ku ama geus kacarios, waktu ujang téh deuk hirup, tungkus dina jero ati,
ulah pisan lalawora, ampihan ku agus, ama sakitu kabisa, jeung kanyaah ta(pina)
euweuh keur ngawaris, ku barang emas pérak// ujang marama matur bari takdim, ka ramana
sang pandita sawang, réwu nuhun sim abdi téh, ku abdi enggeus kamaphum, diéstukeun siyang wengi,
mowal pisan lalawora, tegesna sumujud, ba (_)
diwaris barang, ku ama mowal sabaraha lami, sawarga cumah di dunya,
mugi ama ulah benru galih, jisim deuk aya unjukan, kumaha anu deuk maot,
abdi paparin pitutur, éta téh teu acan harti, petana anu rék hila(ng)