Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/14

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

11

nu di antara, murba ka bumi jeung langit, jeung eusina kabéh, purba ku éta (_ _ )
papay geula nu di urang, nu murba di jagat dhoif, nya éta di badan urang, sabab
nu luwar geus wakil, wakil ka nu murba diri, seug éta téh masing campur,
anu jero anu luwar, éta masingna ngahiji, Allah asal jeung ajali, sing jadi tunggal
// ceuk suluk mah éta ujang, paké sisindiran kawin, nu ngawinkeun téh
nu luwar, nu di jero jadi wali, kasebut saratna deui, lawang opat éta agus,
(é)ta mah anu nyaksiyan, ari éta anu kawin, enya éta rupa anu anyar téya//
nikahkeunana téh ujang, éta kiyeu sing kaharti, nu luwar miheulaan, eunteup ka
nu jadi istri, ari éta ngaran wali, ngawaliyan kieu agus, si ujang téh mowal beunang,
ku ama dicarék kawin, ka awéwé nu baris teu du'a ama// sabab geus ka
piheulaan, ku wali di jero diri, geus dilapah ka ku luwar, lawang opat enggeus
nyaksi, wujud geus jadi kawin, nyaéta rupana agus, mowal beunang dihiliyan,
sanajan kupa nu geulis, ku sababna kasukaan nu keresa// lapadna hanteu
dikarang, sahadat téh kudu pikir, éta bagiyan nu tembang, dihaja supaya
mikir, ingkeun sina ngasah ati, sugan eureun rada bingung, bilih capéyeun
nembangna, eureun sina bari mikir, ngan ku ujang éta mah ku/du[ kapaham//