Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/13

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

10

dawuh jeung nu tadi téya, waktu rék mimiti jadi, hanteu medal lamun hanteu dawu
éta// barang geus gubrag kaluwar, orok sok nyawara tarik, éta dina
sawarana, barang jeung kaluwarna angin, di dinya aya nu bijil, tunggang napas li(r)
kasuwung, linggihna dina antara, di nu capang geus maranti, ayana gé buni

aya di nu nemrak// sok pulang anting damelna, ka jero ka luar deui, tacan

enggeus ngadamelna, nu matak sok pulang anting, tétésan rasa sajati,
lamun tacan hideng agus, teu weléh maparin rahmat, tah kitu ujang sing harti,
enggeusna lima welas tahun umurna// ti dinya aya cirina, ujang ogé
meureun ngimpi, tangru pisan ngimpi jima, senggeusna aya ciri, ti dinya
mah ngalih deui, dina antarana agus, sanggeus aya di luwar, di dinya né
tésan deui, karana deuk begér aya cahaya// ujang bener ceuk sindirna,
dina suluk gandasari, cikal téh jadi bungsuna, pangheulana nu ngaja(di)
nu enggeus jadi pandeuri, tah tuturkeun éta enung, nu murba ka sadayana, nu
ngayakeun bumi langit, jeung eusina ayana tangtu ku éta// tapi saméméh (ka)
dinya, sasar heula jero diri, éta téh aya layanna, jeung nu murba
(_ _ ) diri, sajagat badan pirbadi, ulah waka sina langkung, éta