Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/12

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

9

semet dubur geus ngahiji, sirah geus ditumbu deui, ti nya rék ngajadi agus,
ti dinya ngalih alamna, sipatna nya kitu deui, éta ujang nu ngaran sipat saliyar//
ari bobogaanana, hamperu nomer kahiji, duwa sungsum tilu tulang, kaopatna reujeung
getih, kalimana éta daging, rupana enggeus ditumbu, semet tuur kana sirah, ti di
téh ngalih deui, insan kamil sipatna sipat nafsiyah// éta bobogaanana,
enya lamad nomer hiji, kaduwana éta urat, katiluna reujeung kulit, [awakaku], opat
(_) kur bulu d(eu)i, kalimana enggeus wujud, rupa manéh geus sadiya, aya suku leungeun
deui, lilana gé enggeus jejeg opat bulan// tapi tacan bisa obah,
sumawonna usik malik, barang geus kalima bulan, ditétés rasa sajati, nu né
tésna anu tadi, anu di antara enur, saenggeusna ditétésan, badan ujang
(ki)tu waktuna rék jadi, mimitina sing kapapay, ku manéh kudu kaharti
jero ati, jeung sipat nu duwa puluh, bagikeun ka nu opat, nu
opat nya kitu deui, dibagikeun éta masing jadi duwa// ari instri nu rék
babar, lamun geus tepi ka jang, medal tinawewetengan, éta hanteu
géséh deui, nurutkeun asalna tadi, tara pisan géséh (jauh),