Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/11

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

8

arék mangrupa, anya tangtuna ngajadi, enya éta anu ngaran wujud qidam//
ari qidam anu anyar, anu heubeul éta qadim, nu jeneng dina antara, qidam
mah jeung cai mani, jadina gé sok katawis, dina padaharan ibu, ari
ngadamelna éta, enya éta anu qadim, eujeung kiyeu mimiti rék ngadamelna (_)
dalilna mah teu dikarang, sabab hésé nyiyeun dangding, wujud qidam baqo, muhalafatuna, waqiyamubinafsihi, éta mah hanteu didangding, hé
sé nyurupkeun jeung lagu, dikarang baé sundana, nu duwa puluh perkawis
éta kiyeu mimiti rék jadi mangrupa// martabat soca tiheula, waktu mimiti
rék jadi, hiji bubuneran heula, dua bobodasna deui, katiluna kana
kuning, opat beubeureumna tangtu, lima reujeung hihideungna, tah kitu ujang
sing harti, nu bogana sipat mamang(?) téya// alamna mah éta
arwah rupana enggeus ngajadi, enggeus mangrupa sirahna, buleud galatak
gulitik, nya ti dinya ngalih deui, kana pacantélan agus, hiji jadi
ati jalma, duwa jajantungna deui, tilu bayah opat sula peujit lima (_)
(_) pangpangna wiyah nu boga, alam ajsam nu ngajadi, rupana deui ditambah
baroda