Page:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/10

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

7

kitu ujang masing sidik, kana alam wahdat terus, ngumpul dina uteuk ama,
alam éta geus ngahiji, para sukma jeung pikir buwat andika// éta ti dinya terus
na, kana cangkéng kumpul deui, ngaram alam wahidiyah, raos ama
kumpul deui, ti dinya dicandak deui, eukeur baris para rusul, para roh
éta jadina, kasebut istigna deui, alam wahdat éta kasebut,
iftikar// tah ujang masing karasa, rancét dina jero diri, sing nyaho
kumpul pisahna// éta nu duwa perkawis, jeung nu opat sipat deui,
masingna jadi pacampur, ka nu sipat duwa téya, iftikar istifna deui,
enya éta alam wahdat wahidiyah// ari éta anu opat, éta pada boga
deui, boga téh nya kurungna, dina wujud hiji-hiji, éta agus kudu
bukti sipat anu duwa puluh, bagikeun ka nu opat, nyaéta kulit
jeung daging, masing bener méréskeun badan sorangan// éta urang
tunda heula, nuluykeun deui nu tadi, cimani geus opat rupa, hideung beureum
bodas kuning, ti dinya téh ngadeg deui, jadi ngadeg sipat wujud, (_ _ _)