Page:Kitab Tashowwuf.pdf/8

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

dipaké leumpang ka jalma anu dolim atawa ka raja anu dolim, éta lamun darurot kacida hanteu aya karana hajat anu matak muslihat ahérat atawa matak muslihat kana agama nyaéta jadi haram sarta doraka.

Éta kanyahokeun ku manéh, héy baraya-baraya kawula anu ngarah ahérat, yén satemen-temenna anu dikarepkeun ma'siyat batin tegesna doraka di jero haté éta nyaéta parangi anu goréng jeung sakabéh sipat kacelaan.

Ari doraka di jero haté téa nyaéta sakapirang-pirang tatapi anu disebutkeun ku Imam Al Ghozali rohmatullohi ta'ala dina Kitab Arba'iina Fii Ushuluddiin éta ngan sapuluh perkara. Ari mimiti syarhut tho'ami, tegesna resepan kana ngalobakeun kahakanan. Kadua syarhul kalami, tegesna resep kana ngalobakeun omongan. Katilu ghodhobi, tegesna ngambek. Kaopat hasud tegesna dengki. Kalima bukhul, tegesna korét, wahubbul maal tegesna jeung nyaahan kana banda. Kagenep hubbul jaahi, tegesna hayang kasohor. Katujuh hubbud dunya, tegesna resep kana dunya. Kadalapan takabbur, tegesna ngagungkeun diri manéh. Jeung deui wajib dina sakabéh jalma anu mukalaf tegesna anu 'aqal balég anu ngarepkeun kasenangan ahérat, éta kudu ngabersihkeun haté tina sakabéh sipat kagoréngan jeung kacelaan.

Ari syarhut tho'ami téa tegesna resep kana kahakanan jeung hayang barang hakan seubeuh leuwih ti adat, jeung sok hayang ngaloba-lobakeun kahakanan éta dicela ku syara, geus aya lahir Kanjeng Nabi shollallohu 'alaihi wasallam, “Ari jalma anu leuwih dianggo kasuka ku Alloh ta'ala, éta nyaéta jalma anu loba langlayeuseun nana, anu getol tapakuran, ari anu beuki nyatu tur beuki