Page:Kitab Tashowwuf.pdf/4

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

opat perkara. Sahiji kudu diraksa ulah dipaké nyeueung kana sakabéh ka anu diharamkeun saperti dipaké nyeueung awéwé anu séjén. Kadua ulah dipake nyeueung mudabilé (mudabelia) tegesna bujang ngora anu kasép anu matak aya syahwat. Katilu ulah dipaké nyeueung jalma Islam sarta dihinakeun ku manéh éta jalma Islam téh. Kaopat ulah dipaké nyeueung kana aib jalma Islam.

Ari ceuli téa anu matak diayakeun ku Alloh ta'ala di manéh supaya dipaké ngadéngékeun anu ngaji Qur'an jeung anu ngaji Hadis Nabi sholallohu 'alaihi wasallam jeung supaya dipaké ngadéngékeun anu ngaji ushul, anu ngaji ilmu faqih, anu ngaji ilmu tashowwuf. Ari raksaeunana ceuli téh lima perkara. Hiji ceuli téh kudu diraksa ku manéh ulah dipaké ngadéngékeun sakabéh bid'ah anu dicela ku syara' anu hanteu muwafaqoh jeung syara. Kadua dipaké ngadéngékeun anu ngupat, jeung deui éta dosa ngupat teh ulah disangka tangtu ka anu ngomong baé, anu ngadéngékeun ogé sarua baé dosana jeung anu ngomong téh. Katilu ulah dipaké ngadéngékeun omongan japakan anu hanteu mangpaat ahérat. Kaopat ulah dipaké ngadéngékeun anu sia-sia. Kalima ulah dipaké ngadéngékeun jalma anu ngomongkeun kagoréngan batur manusa.

Ari létah téa anu matak diayakeun ku Alloh ta'ala di urang éta nyaéta supaya ngalobakeun dzikrullohi ta'ala jeung supaya nuduhkeun ka sakabéh kawula Alloh ta'ala kana jalan anu matak datang ka Alloh ta'ala ka nagara ahérat, jeung deui létah pikeun ngajak kana migawé kahadéan, jeung pikeun nyaram kana migawé kagoréngan, jeung supaya manéh meunang nganyatakeun ku létah téh karep anu aya dina