Page:Kitab Tashowwuf.pdf/12

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

lamun manéh suka kana kasampurnaan éta ni’mat ti Alloh ta’ala, maka lamun kitu éta lain ujub. Ari riya éta dingarankeun syirik khofi ngaranna, tegesna mapanani ka Alloh ta’ala di jero haté baé éta geus muwafaqoh sakabéh para ulama, yén riya téh haram tur dicela ku syara. Ari saenya-enyana riya téh nyaéta jalma migawé ibadah atawa migawé amal kahadéan padahal dina haténa éta hayang kasebut ku jalma baé supaya disebut jalma getol ibadah atawa supaya diagungkeun ku pada jalma atawa ngarah dipaké kanyaah baé salian ti dinya. Éta sakabéh anu geus disebut sakitu téh éta haram tur dosa gedé kacida.

Kanyahokeun ku manéh héy sakabéh baraya-baraya kaula anu ngarah kasenangan di ahérat, anu dikarepkeun taat batin, tegesna pangabakti di jero haté éta nyaéta sakabéh parangi anu hadé, jeung sipat kapujian éta nyaéta saperti anu disebutkeun ku Imam Al-Ghozali romatullohi ta’ala dina kitab Arba’iina fi Ushuluddiin éta sapuluh perkara. Sahiji tobat, kadua khouf, katilu zuhud, kaopat sabar, kalima sukur, kagenep ihlas, katujuh tawekal, kadalapan mahabbah, kasalapan rido, kasapuluh dzikrul maut.

Ari tobat téa nyaéta mimiti jalan jalma anu ngarepkeun kana jalan ka Alloh ta’ala, jeung deui tobat surga kasenangan sakabéh jalma anu ngarepkeun ma’rifat ka Alloh ta’ala sarta matak dianggo kanyaah ku Alloh ta’ala. Jeung deui kudu kanyahokeun ku manéh yén satemen-temenna tobat éta wajib ka sakur jalma anu migawé doraka ceuk dalil Quran jeung hadis Nabi sholallohu ‘alaihi wasallam, jeung muwafaqoh jeung sakabéh ulama. Ari sarat tobat dosa