Page:Kitab Tashowwuf.pdf/11

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

anu hanteu mangpaat kana dirina dina sanggeus paéhna. Ari anu dikarepkeun ahérat téa nyaéta saban-saban kalakuan saméméh paéh anu mangpaat dina sanggeus paéh.

Ari Takabbur téa tegesna ngagungkeun manéh, nyaéta panggedéna panyakit jeung panggedéna doraka di jero haté sarta dicela ku syara. Ari saenya-enyana takabur éta nyaéta lamun aya sahiji jalma nyeueung kana dirina boga rasa leuwih gedé, leuwih luhur, leuwih mulya tibatan deungeun-deungeun. Ari nyeueung deungeun-deungeun leuwih hina leuwih papa. Ari tandana takabur téa éta anekalana témbong dina létah, upama lamun manéh ngomong tamah béh hadé déwék tibatan batur mah, jeung anekalana témbong dina pangdiukan kaya lamun manéh diuk di luhur sosoranganan ari jalma anu loba hémpak di handap. Kitu deui upama manéh diuk di hareup ari anu réa di tukang. Ari anekalana témbong eukeur nalika bicara jeung pada batur kaya lamun manéh embung kaéléhkeun bicara ku batur, hanteu daék nurut kana omongan batur téh.

Ari ‘ujub téa tegesna héran kana barang anu dibangsakeun kana diri manéh éta nyaéta dicela ku syara, sarta ngaruksak kana sakabéh ibadah. Ari saenya-enyana ujub téh nyaéta takabur di jero haté hanteu témbong kaluar sarta boga rasa manéh ngabogaan kasampurnaan tina élmu téa atawa tina amal téa anu sampurna téh, sarta manéh téh hanteu pisan-pisan inget yén disampurnakeun ku Alloh ta’ala jeung hanteu boga rasa sieun dileungitkeun éta kasampurnaan téh ku Alloh ta’ala. Maka lamun manéh inget yén éta kasampurnaan paparin Alloh ta’ala sarta sieun dileungitkeun deui éta lain ujub, jeung deui