Page:Kitab Pakih Soenda.pdf/52

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

kun salat lima waktu éta tilu perkara. Sahiji maca kutbah anu awal; kaduwa kutbah anu kaduwa; katilu kudu dipigawé salat juma'at téh sanggeus maca kutbah. PASAL ARI RUKUN maca kutbah éta lima perkara. Sahiji kudu maca alhamdulillah dina unggal-unggal awal kutbah duwanana; kaduwa kudu maca salawat ka shallallahu alayhi wasalam dina unggal kutbah duwanana; katilu kudu maca wasiyat sina unggal-unggal kutbah duwanana, maca cukup ku maca ITTQAWU ALLAH; kaopat kudu maca saayat Qur'an dina salah-sahiji duwa kutbah; kalima kudu maca do'a kana sakabéhna mu'min dina kutbah anu ahir. ARI NGARAWAAN MAYIT ÉTA PERLU KIPAYAH. Ari basa perlu kipayah téya, nya éta cukup ku batur upamana aya hiji jalma paéh, ség urang téh diala, éta lamun urang nyulurkeun batur baé, ogé cukup Sundana meunang ku batur; nya éta opat perkara lobana. Sahiji kudu dimandian ku cai mutlak, ari perlu mandina mah cara mandi wajib anu séjén baé, anging bédana, ngan hanteu wajib niyat ngamandian, ngan sunat baé; kaduwa kudu dibungkus ku lawon bodas, sarta cukup bungkusan masing liput badanna salapis baé; katilu kudu disalatkeun; kaopat kudu dikuburkeun sarta cukup jerona ulah sakira-kira beunang digangsir ku binatang sato héwan buwas, ja'na binatang anu galak jeung ulah kaambeu bauna baé, sarta wajib disanghareupkeun ka kiblah. PASAL ARI PERLUNA NYALATKEUN