Page:Kitab Pakih Soenda.pdf/28

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.


datangna ti allah ta'ala, nya éta urang kudu nganyahokeun sarta diimankeun dina haté yén satemen-temenna allah ta'ala éta geus ngajadikeun sakabéhna mahluk jeung ngajadikeun kana pagawéanana anu hadé jeung anu goréng. Tatapi allah ta'ala geus maparin pituduhna kana kawulana kabéh kana jalan anu bener, anging geus dilarangkeun ku allah ta'ala kabéhna pisan éta lampah anu goréng, sundana: migawé ma'siyat [1] téh hanteu rila allah ta'ala téh, hartina bebendu gusti allah. Anging rila allah ta'ala téh kana migawé ta'at [2], [karana allah kitu ogé éta suka mungguh di allah ta'ala], sarta ana dipigawé meunang ganjaran lamapah ta'at téh, ana ditinggal matak disiksa; ari lampah ma'siyat ana ditinggal meunang ganjaran, ana dipigawé meunang siksaan. PASAL ARI RUKUN ISLAM ÉTA LOBANA lima perkara: Sahiji maca sahadat [3] nya ieu rupana: ASYHADU AN LA ILAHA ILLALLAHU AN MUHAMMADAN RASULU'LLAH, tegesna: kaula nganyahokeun satemen-temenna nabi muhammad éta piwarangan allah ta'ala. Kadua: migawé salat li,a waktu dina sapoé sapeuting. Katilu: ngaluarkeun jakat sarta pitrah. Kaopat kudu puasa dina bulan ramadan. Kalima kudu naék haji ka bétu'llah, laum kawasa di jalan. BABU FI BAYANI MA'RIFATI'L-THAHARATI MIN AL-HHADATZI WA'L NAJASATI. Ieu sahiji pasal bab nétélakeun kana nganyahokeun hukum beberesih tina najis. PASAL ari sarat sah wudu éta tujuh perkara. Sahiji, islam; kadua, pinter; katilu, suci tina kél jeung nipas; kaopat, kudu ulah aya nu ngahalangan nepina cai kana kulit


  1. معصية
  2. طاعة
  3. شهدة