Page:Kitab Pakih Soenda.pdf/14

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

hal[1] hanteu aya. KADUWA QIDAM, tegesna: tiheula, hanteu aya mimitina, dat[2] sarta sakabéhna sipatna; muhal anyar[3]. KATILU BAQA', tegesna: langgeng Allah ta'ala sarta sipatna jeung pagawéanana; muhal saruwa jeung sakabéhna anu anyar. KAOPAT MUKHALAFATU LILHAWADITZI, tegesna: béda-béda Allah ta'ala jeung sakabéhna nu anyar; moal saruwa jeung anu anyar. KALIMA QIYAMUHU TA"ALA BINAFSIHI, tegesna: jumeneng dina dat liyan. KAGENEP WAHDANIYAT, tegesna: sahiji dat Allah ta'ala sarta sakabéh sipatna jeung sakabéh pagawéanana; moal duwa datna atawa leuwih réya, jeung moal susun-susun, jeung moal wiwilangan dina unggal-unggal sipatna, kaya lamun aya ilmu éta duwa kudratna atawa leuwih réya; nya éta moal. Jeung deui moal aya deui nu kawasa migawé alam lian ti Allah ta'ala halna ngabaturan ka Allah ta'ala atawa nulungan halna boga tapak. KATUJUH QUDRAT, tegesna: kawasa Allah ta'ala ngayakeun mumkin atawa ngaeuweuhkeun mumkin; anging kudu ditangtkeun heula ku sipat keresa ti ajalna; moal hanteu aya keresana. KASALAPAN ILMU, tegesna: uninga Allah ta'ala kana sakabéhna anu wajib, jeung kana sagala anu moal ayana, jeung kana anu wenang ayana, sarta saméméhna diayakeun mumki téh, éta geus kauninga ku Allah ta-

  1. Muhal.....
  2. ذات
  3. Anyar, verseh niew; dat is van-den-tijd, in tegen overstelling van eeuwig.