Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/56

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

boenikeun koe Praboe Djaja Wastoe ka sĕgong lawang. Disorowok bae koe si Barang Tineung ti segog lawang, toeloej dibawa balik. Datang ka lawang Poerba Denta, toeloej ditanja koe Poerba Denta, soegan eta deuk didjoewal.

„Ideuh, sang praboe, nja ĕndeuk, ari rĕgana sareboe doewaratoes pasmat.”

Toeloej Praboe Denta milang doewit; meunang dalapan poeloeh pasmat. Tidinja ditampa koe si Barang Tineung, ditorogan barang tjingtjin ĕmas mata intĕn; dja teu mahi doewitna.

Bral bae ladjoe si Barang Tineung, tapi ari hajamna mah djeung doewit dalapan poeloeh pasmat djeung tjingtjin ĕmas mata intĕn dibawa bae.

Njaoer Praboe Denta: „Koemaha djoedjoewalan kitoe pĕtana, barangna dibawa deui, ladangna dibawa?”

Nembal si Barang Tineung: Tadi oge kami mah lain deuk ngadjoewal, dja deuk njijar beuliëun; kahadja dibere bae mah daek, dja poegoeh kami mah teu boga.

Goeroedag bae datang ka boeroean Pantja Batang, dihatoerkeun hajamna ka panggoestianana njai Raga Geulis Njai Ĕmas Maja Larang. Geus kitoe mah pada boga tjangkingan djeung Praboe Moending Wangi.

Toeloej prak bae mimiti ngadoekeun hajam. Silih pantjong, silih pintih. Eleh hajam poepoek koe si Atji Kĕmbang Kahijangan. Ditoeroenan deui koe si Tĕlĕgoeg Djantoer, eleh deui bae. Ditoeroenan deui koe noe sidji deui, noe ngaran Singa Katarandjang. Doek dĕk adoe djoerit si Atji Kĕmbang Kahijangan djeung si Singa Katarandjang; rigrig boeloena salambar si Atji Kĕmbang Kahijangan, ladjoe kekejokan; beuki loehoer beuki loehoer hajam doewa ngapoeng ka kahijangan.

Tidinja Praboe Moending Wangi kaïsinan, ladjoe toeroen ka boeroean, bari nangtang ka para ponggawa sakabeh di Koeta Potong. Djĕmpling euweuh noe wani ngalawan, euweuh noe wani njapih.

Tidinja dangdan nji Mas Maja Larang, deuk ngalawan. Ragoedoeg sasamping djangkoeng, rĕkĕtĕk sagĕloeng poetĕr; ngaloentjat ka boeroean Pantja Batang, gĕr bae pĕrang papijoeh paadoe poejoeh, ngageleng paadoe tjangkeng; awak leutik meulit meulit, awak koneng mangpeng mangpeng. Tjaritakeun pawarang pangtoehana Raga Geulis, ngambeut kasih deuk njapih. Ragoedoeg sasamping djangkoeng, rĕkĕtĕk sagĕloeng poetĕr, ngaloentjat ka boeroean Pantja Batang, ngarontok girang tjarogena, tijoep koepingna: