Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/54

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

IX.

LALAKON RANGGAH SENA.

______

Radjahna: Moela awaking dek make pasang pasadoean, sadoe ka loehoer ka handap, ka loehoer ka sang roemoehoen ka batara noe di manggoeng, ka noe wĕnang njoetjoek ngiboen ka handap ka Sang noergaha ka batara Naga Radja, pangapoengkeun sora awaking sadoe awaking deuk njaritakeun tjarita pantoen, menta agoengna palaloen, menta pandjang panghampoera.

Katjaritakeun Praboe Moending Wangi datang ti pangoembaraan, geus ngabĕlĕgĕndĕng pasanggrahanana di boeroean Pantja Batang Antrawidjaja.

Pawarangna tatjan deuk loba, kakarak boga dalapan, ngamitkeun toewang kakasih pawarangna.

Pawarang pangtoehana ngambĕt kasih tan kaweni Mĕrĕdja Lokat Dewata, katema koe girang aïsna Ĕmbok Agoeng Narawikoe Norowong Narawigoena, katema koe girang aïsna deui Raga Geulis Kĕntri Manik, katema koe girang aïsna deui Patna Larang, Patna Wangi, Balik Lajaran Sari, Ambang Laja Ratna Kĕmbang djeung girang si boengsoe Angdjĕng Tapa Kalĕngrĕman.

Kotjapkeun Praboe Moending Wangi hajang njijeun kaoelinan datang ti pangoembaraan.

Toeloej njaoer ka girang pawarang noe pangtoehana: „Owah, mas padoenoengan simadjar ka ngaing hajang njijeun kaoelinan karamean sadatang ti pangoembaraan, hajang njawoeng ngadoe hajam, koedoe mikono ka nagara Koeta Potong.”

Toeloej pawarangna pangtoehana maranan ka nagara Koeta Potong. Barang datang ladjoe masang tabe: „Amboeïng, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe mamoengkoereun, milak rama pangtjalikan, deuk miloe eureun sakeudeung.”

„Rampes, oelah toemangtoeng toenggaling goeroe, toemedja toeng-