Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/51

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

VIII.

LALAKON BIMA WAJANG.

______

Di Pakoean Barat aja hidji menak djĕnĕnganana Bima Wajang. Katjaritakeun Bima Wajang, salin pikir, pindah nijat, hajang kagoengan istri ka oerang Pasir Batang Lĕmboer Girang, noe djĕnĕngan Ratoe Manik Nanding Leuwi, saderekna Raden Lambang Sari.

Toeloej Bima Wajang matoer ka tetehna, noe djĕnĕngan njai Boengah Larang: „Owah, soehoenan atjeuk, girang adi nĕda amit paidin, pandjang panghampoera, girang adi hajang njaba ngalalana ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang. Bedjana di Pasir Batang Lĕmboer Girang aja istri geulis, djĕnĕnganana Ratoe Manik Nanding Leuwi”. Tjik njai Boengah Larang: „Ideuh, girang adi, montong njaba, bisi aja noe nganiaja, ari hajang kagoengan istri mah, di Pakoean oge kapan loba noe geulis.”

Ari djawabna Bima Wajang: „Owah, soehoenan atjeuk, bĕnĕr oge noe geulis di dijeu loba, tapi girang adi hajang njijar sorangan.”

Saoerna njaï Boengah Larang: „Owah, girang adi, ari maksa bae mah rampes, tapi koedoe njandak pandakawan Mama Loerah, Koeda Pangĕmban djeung Gĕlap Njawang.”

Tidinja Bima Wajang bral angkat diiring koe teuloe pandakawan.

Barang datang ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang ladjoe masang tabe ka Ratoe Manik Nanding Leuwi. Omongna Ratoe Manik Nanding Leuwi: „Seuweu ratoe timana, sasab sempar kadijeu, sasara teu ari ari, bareto teu elok elok djeung naon pikĕrsaeun, noe mantak tjalik kadijeu?”

Tjik Bima Wajang: „Owah, indji, ari pikĕrsaeun mah nja aja pisan, lamoen sapoek reudjeung sĕpoeh, madak moepakat reudjeung baraja, soegan kĕrsa dikawoelaan koe oerang Pakoean Barat.” Djawabna Ratoe Manik Nanding Leuwi: „Owah, girang kaka, lamoen kitoe pikĕrsaeun mah, girang adi tatjan bisa noeroet saoer gantjang narimakeun, sabab kaka koela Raden Lambang Sari teu aja di boemi, eukeur tapa di toetoegan Goenoeng Poentang Simadjoeng-