Page:Badoejsche Pantoenverhalen.pdf/50

From Wikisource
Jump to navigation Jump to search
This page has not been proofread.

Geus kitoe Praboe Singa Kombala ladjoe nangtang ka ponggawa Goeroe Gantang; tapi Goeroe Gantang teu ngalawan, sabab ngarasa, jen mohal koewat.

Tidinja Goeroe Gantang ingĕt, jen Gadjah Loemantang kagoengan saderek misan djadi radja di nagara Haoerdoeni, djĕnĕnganana Tadji Wira Koening. Ari adi sistri djĕnĕnganana Ratoe Manik.

Toeloej ponggawa Goeroe Gantang njoeratan ka nagara Haoerdoeni; basana soerat kijeu: „Praboe Goeroe Gantang ngoeningakeun ka girang adi, jen nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah dipĕrangan koe radja ti nagara Madjapait, malah toewang raka Praboe Gadjah Loemantang geus poepoes; koe sabab eta, lamoen sapoek reudjeung doeloer, lamoen moepakat pada baraja, koedoe ditoeloengan hiroep, hajang dibantoe pĕrang, hajang ditambah njawa.”

Barang eta soerat katampa koe Tadji Wira Koening, ladjoe diwatja sarta kaharti eusining soerat. Toeloej njaoer ka adina, saoerna: „Ajeuna oerang disoeratan koe Praboe Goeroe Gantang ti Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, menta ditoeloengan, sabab girang kaka Gadjah Loemantang geus poepoes, dipĕrangan koe radja Madjapaït.”

Barang soemping Tadji Wira Koening ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, teu tata pasini djangdji, teu make pasang soebaja deui, ladjoe haok sĕntor nangtang pĕrang di kalang paradjoeritan ka radja Majapaït. Toeloej der pĕrang ngadoe kabĕdasan, silih biti, silih banting. Ting harijoeng sora doehoeng, ting doeroekdoek sora soedoek, ting bĕlĕsat panah leupas tina gondewa. Lila lila eleh Praboe Singa Kombala koe Tadji Wira Koening, datang ka paeh.

Geus kitoe toeloej adina Singa Kombala matoer ka Tadji Wira Koening, saoerna: „Owah, girang kaka, ajeuna hajang dipanghiroepankeun deui sakabeh lalajon, djeung girang si adi daek asoep oeloen koemawoela.”

Toeloej koe Tadji Wira Koening dihiroepan deui; noe raheut, didjampe raheut noe peupeur didjampe peupeur. Koredjat hariroep deui Badak Sanggora, Singa Kombala djeung Gadjah Loemantang. Toeloej taloek ka Tadji Wira Koening asoep oeloen koemawala, noeroetkeun toewang parentahna.

Nja didinja Tadji Wira Koening djeung adina tĕtĕp lĕmboer matoeh, dajeuh maneuh, marentah sasama radja. Reuhreuj nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, ngadjadjar poetjoek kalapa, ngoejoepoek poetjoek kawoengna, najektek poetjoek djambena. Djĕmpling ti harita teu katjatoerkeun deui.

______